KAHIRUPAN KRISTEN
Nganuhunkeun ka Yéhuwa kana Kanyaah Sadérék
Sidang-sidang di Tésalonika silih némbongkeun kanyaah sanajan ngalaman kasangsaraan. (2Tés 1:3, 4) Umat Yéhuwa ayeuna gé némbongkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman di sakuliah dunya. Séri artikel ”Sumbangan Sadérék Dipaké keur Naon Waé?” dina jw.org nyaritakeun kumaha sumbangan Sadérék dipaké keur ngabantu sadérék-sadérék nu keur susah. Urang nganuhunkeun pisan kana kanyaah jeung sumbangan ti Sadérék.
TONGTON VIDÉO NGANUHUNKEUN KA YÉHUWA KANA KANYAAH SADÉRÉK, TULUY BAHAS:
• Kagiatan naon waé nu didukung ku sumbangan Sadérék?
• Naon cara panghadéna pikeun ngabantu sadérék-sadérék nu keur kakurangan?—Tingali ogé artikel ”Nu Leuwih Nutupan nu Kurang” dina jw.org