KAHIRUPAN KRISTEN
Sing Yakin kana Asih Yéhuwa nu Satia
Urang dihargaan pisan ku Yéhuwa. (Yes 43:4) Urang bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta jadi bagian ti organisasi-Na. Ku kituna waktu ngabaktikeun diri jeung dibaptis, urang jadi milik Yéhuwa. Urang téh milik-Na nu istiméwa, jadi Anjeunna bakal ngabantu urang waktu ngalaman kasusah. Yéhuwa némbongkeun asih-Na nu satia ka urang liwat organisasi-Na.—Jab 25:10.
Urang bisa beuki ngahargaan asih Yéhuwa nu satia ku nginget deui kumaha organisasi-Na méré bantuan waktu aya musibat alam anyaran ieu.
TONGTON VIDÉO LAPORAN PANITIA KOORDINATOR 2019, TULUY BAHAS:
Kumaha Panitia Koordinator nyiapkeun kantor-kantor cabang di sakuliah dunya saacan aya musibat?
Kumaha organisasi Yéhuwa méré pituduh jeung bantuan ka Indonesia jeung Nigeria?
Tina hal-hal nu geus dilakukeun ku organisasi pikeun nyanghareupan pandémi COVID-19, Sadérék paling ngahargaan nu mana?