PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb22 Maret kaca 9
  • Saha Babaturan Anjeun di Média Sosial?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Saha Babaturan Anjeun di Média Sosial?
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
  • Bahan nu Sarupa
  • Singkahan Bahayana Média Sosial
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Sing Bijaksana Milih Babaturan
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Barudak jeung Média Sosial—Bagian I: Budak Abdi Geus Siap Kitu Maké Média Sosial?
    Bantuan keur Kulawarga
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
mwb22 Maret kaca 9

KAHIRUPAN KRISTEN

Saha Babaturan Anjeun di Média Sosial?

Babaturan téh nyaéta saurang jalma nu boga hubungan nu akrab jeung jalma séjénna lantaran nyaah jeung ngahargaan manéhna. Contona, sanggeus Daud maéhan Goliat, Yonatan jadi hayang nyobat jeung Daud. (1Sam 18:1) Maranéhna ngahargaan sipat alus sobatna. Jadi, lamun hayang bener-bener akrab jeung sobat urang, urang kudu bener-bener kenal ka manéhna. Mémang ieu téh butuh waktu jeung upaya. Ari di média sosial mah, kari nga-klik mouse sakali hungkul, batur geus bisa jadi sobat urang. Di Internet, jalma-jalma bisa mikirkeun heula rék ngomong naon. Ku kituna, batur moal bakal apal manéhna téh jalma nu siga kumaha, sabab sipat aslina mah disumputkeun. Alus lamun urang mikirkeun heula jalma nu siga kumaha nu bisa jadi babaturan urang di média sosial. Waktu aya jalma nu teu dikenal hayang jadi babaturan urang di média sosial, ulah mikir urang bakal nganyenyeri haténa lamun urang nolak manéhna. Jadi ulah asa-asa nolak. Aya nu mutuskeun teu maké média sosial lantaran apal bahayana. Tapi lamun anjeun hayang maké média sosial, naon nu kudu diinget?

TONGTON VIDÉO SING PINTER DINA MAKÉ JEJARING SOSIAL, TULUY BAHAS:

  • Gambar tina vidéo ”Sing Pinter Dina Maké Jejaring Sosial”. Saurang awéwé reuwas ningali potona dina TV.

    Naon nu kudu anjeun pikirkeun saacan nyieun postingan poto atawa méré koméntar di média sosial?

  • Gambar tina vidéo ”Sing Pinter Dina Maké Jejaring Sosial”. Aya poto saurang awéwé jeung tumpukan koin dina timbangan. Potona leuwih beurat tibatan koinna.

    Ku naon anjeun kudu ati-ati dina milih babaturan?

  • Gambar tina vidéo ”Sing Pinter Dina Maké Jejaring Sosial”. Dua jalma némbongkeun postingan dina média sosial ka saurang lalaki ngora nu keur nutupan panonna.

    Ku naon anjeun kudu ngawatesan waktu keur ningalian média sosial?—Éf 5:15, 16

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun