KAHIRUPAN KRISTEN
”Jalma nu Boga Kanyaah téh . . . Teu Resep kana Hal-Hal nu Teu Bener”
Kabéh hal nu dilakukeun ku urang Kristen sajati mah didasarkeun ku kanyaah. Jalma nu boga kanyaah mah ”teu resep kana hal-hal nu teu bener”. (1Kor 13:4, 6) Ku kituna, urang bakal nyingkahan hiburan nu nonjolkeun laku lampah cabul jeung kakerasan. Urang gé moal atoh lamun batur ngalaman masalah, kaasup ka jalma nu pernah nganyenyeri urang.—Sil 17:5.
TONGTON VIDÉO JADI JALMA NU BOGA KANYAAH—TEU RESEP KANA HAL-HAL NU TEU BENER, TULUY BAHAS:
Kumaha parasaan Daud waktu ngadéngé Saul jeung Yonatan maot?
Lagu naon nu dijieun ku Daud keur Saul jeung Yonatan?
Ku naon Daud teu atoh basa Saul dipaéhan?