PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb22 Séptémber kaca 5
  • Perkawinan téh Hubungan Saumur Hirup

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Perkawinan téh Hubungan Saumur Hirup
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan sarta Jalma nu Teu Kawin?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Perkawinan téh Kurnia ti Allah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Sanggeusna Nikah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Kuatkeun Perkawinan Sadérék
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
Tingali Ogé
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
mwb22 Séptémber kaca 5
Hiji pasangan keur ngawawar bareng.

KAHIRUPAN KRISTEN

Perkawinan téh Hubungan Saumur Hirup

Perkawinan Kristen nu suksés bakal ngamulyakeun Yéhuwa jeung mawa kabagjaan keur salaki pamajikan. (Mar 10:9) Supaya perkawinan langgeng tur bagja, urang Kristen kudu bener-bener nuturkeun prinsip Alkitab waktu rék milih batur hirup.

Bijaksana pisan lamun Sadérék néangan kabogoh waktu ”geus cukup umur”, nyaéta waktu pilihan Sadérék teu kapangaruhan ku kahayang séksual nu kuat. (1Kor 7:36) Meungpeung léngoh kénéh, Sadérék bisa mekarkeun sipat-sipat Kristen sarta nguatkeun sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa. Ku kituna, Sadérék bakal siap ngawangun perkawinan nu suksés.

Ulah buru-buru mutuskeun rék nikah. Sadérék kudu bener-bener apal heula kana sipat-sipat asli calon batur hirup Sadérék. (1Pét 3:4) Lamun Sadérék cangcaya ka manéhna, pék obrolkeun. Siga nyobat jeung batur, Sadérék kudu leuwih ngutamakeun naon nu bisa Sadérék béré ka batur hirup tibatan nu bisa Sadérék tarima. (Flp 2:3, 4) Lamun Sadérék nuturkeun prinsip-prinsip Alkitab saacan nikah, Sadérék keur masang pondasi nu kuat pikeun perkawinan nu bagja.

TONGTON VIDÉO PERSIAPAN SAACAN NIKAH—BAGIAN 3: ”NGITUNG HEULA BIAYANA”, TULUY BAHAS:

  • Mimitina, kumaha hubungan sadérék istri dina éta vidéo jeung Sandi?

  • Tapi lila-lila, naon nu sadérék istri éta perhatikeun dina diri Sandi?

  • Kumaha kolot sadérék istri éta mantuan manéhna, sarta naon putusan manéhna?

Sadérék pameget nu keur bobogohan bisa mikirkeun pananya-pananya ieu:

Kabogoh abdi boga sipat-sipat alus naon? Kumaha manéhna nunjukkeun mun manéhna miheulakeun kapentingan Karajaan? Naha manéhna ngahargaan pituduh organisasi? Naha manéhna perhatian ka batur?

Sadérék istri nu keur bobogohan bisa mikirkeun pananya-pananya ieu:

Kabogoh abdi boga sipat-sipat alus naon? Naha manéhna leuwih miheulakeun ibadah jeung tanggung jawab di sidang tibatan pagawéan, duit, olahraga, jeung hiburan? Kumaha sikep manéhna ka kulawargana? Naha manéhna perhatian ka batur?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun