Panganteur
Na pernah Sadérék ngarasa doa Sadérék teu dijawab ku Gusti? Loba jalma ngadoa ka Gusti pikeun ménta bantuan, tapi masalah maranéhna teu leungit-leungit. Majalah ieu ngabahas ku naon urang bisa yakin Gusti téh ngadéngékeun doa urang, ku naon aya doa-doa nu teu dijawab, jeung kumaha supaya doa Sadérék dijawab ku Gusti.