Naha Sadérék Terang?
Naon untungna keur bangsa Israél lantaran meunang nyanggakeun manuk tikukur atawa japati?
NURUTKEUN Torét, jalma-jalma téh bisa nyanggakeun manuk tikukur atawa japati keur Yéhuwa. Dina hukum-hukum nu ngabahas ngeunaan nyanggakeun korban, dua manuk ieu téh pasti disebutkeun babarengan. Dua manuk ieu téh bisa digunta-ganti ku urang Israél. (Ima. 1:14; 12:8; 14:30) Ku naon hukum éta téh nguntungkeun? Salah sahijina, ku lantaran manuk tikukur téh teu teterusan aya sapanjang taun. Ku naon bisa kitu?
Manuk tikukur
Manuk tikukur téh cicing di Israél salila usum panas. Tapi unggal bulan Oktober, maranéhna pindah ka nagri-nagri nu leuwih haneut di daérah kidul. Tuluy, maranéhna balik deui ka Israél dina usum semi. (Kid. 2:11, 12; Yer. 8:7) Jadi di jaman baheula, pas keur usum tiris, urang Israél téh hésé pikeun nyanggakeun manuk tikukur.
Japati batu
Ari manuk japati mah tara migrasi, jadi maranéhna téh pasti aya di Israél sapanjang taun. Terus, manuk japati téh sok dipiara. (Bandingkeun Yahya 2:14, 16) Buku Bible Plants and Animals nyebutkeun yén ”unggal désa jeung kota di Palestina téh sok miara japati. Dina unggal imah aya imah-imahan keur japati, atawa liang-liang di dingding, supaya japati bisa cicing di ditu.”—Bandingkeun Yesaya 60:8.
Japati dina liang
Yéhuwa nunjukkeun sipat nyaah jeung rasrasan ka bangsa Israél ku cara ngidinan bangsa Israél nyanggakeun manuk nu terus aya sapanjang taun di nagri éta.