PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w22 Désémber kaca 14
  • Pananya ti Nu Maca

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pananya ti Nu Maca
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Bahan nu Sarupa
  • Tapi Nu Taat ka Yéhuwa mah, Moal Kakurangan
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Dosa Raja Daud
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
w22 Désémber kaca 14

Pananya ti Nu Maca

Dina Jabur 145:2, Daud hayang ngamulyakeun nami Allah ”sapapaosna”. Manéhna téh keur ngahayal kitu?

Raja Daud ngawih bari maén harpa.

Henteu. Nu ditulis ku manéhna téh bener jeung asup akal.

Dina ayat éta, Daud nulis, ”[Abdi] badé ngamulyakeun Gusti sapapaosna.” (Jab. 145:1, 2)a Dina ayat séjénna, Daud nulis anu sarupa jiga kitu, ”Abdi seja muji ka Gusti sabuleud hate, nun PANGERAN Allah abdi, seja ngabewarakeun kaagungan Gusti sapapaosna.”​—Jab. 86:12.

Basa nulis kekecapan dina ayat ieu, Daud lainna teu nyaho yén manéhna bakal maot. Daud apal, Yéhuwa téh geus méré nyaho yén manusa bakal maot sabab boga dosa. Daud sadar yén manéhna téh boga dosa. (Kaj. 3:3, 17-19; Jab. 51:6, 7) Manéhna ngarti yén jalma-jalma nu dipikanyaah ku Allah téh maot ogé, misalna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Daud sorangan gé nyaho manéhna pasti bakal maot. (Jab. 37:25; 39:5) Jadi, kekecapan dina Jabur 145:2 téh nunjukkeun yén Daud hayang pisan ngamulyakeun Allah salilana, nyaéta sapanjang hirupna.​—2 Sam. 7:12.

Sakapeung, Daud nyatet pangalamanana sorangan, jiga nu bisa ditingali dina Jabur 18, 51, jeung 52. Dina Jabur 23, Daud ngagambarkeun Yéhuwa sabagé Pangangon nu nungtun, ngurus, jeung ngajaga domba-domba-Na. Daud sorangan gé pangangon nu siga kitu. Manéhna hayang ngawula Yéhuwa saumur hirup.​—Jab. 23:6.

Urang gé kudu inget, anu méré ilham ka Daud pikeun nulis jabur téh nyaéta Yéhuwa. Ku kituna, Daud bisa nuliskeun nubuat-nubuat nu bakal jadi kanyataan engkéna. Misalna dina Jabur 110, Daud nyebutkeun yén Juraganana ”calik katuhueun [Allah]” di sorga jeung dibéré kawasa nu gedé pisan. Jang naon? Manéhna bakal nalukkeun musuh-musuh Allah jeung ”ngahukum bangsa-bangsa” di bumi. Daud téh karuhun ti Mésias, pribadi nu bakal maréntah ti sorga jeung bakal jadi ”imam salalanggengna”. (Jab. 110:1-6) Isa nyebutkeun yén nubuat dina Jabur 110 téh ngeunaan manéhna sarta bakal jadi kanyataan sapinuhna dina mangsa ka hareup.​—Mat. 22:41-45.

Yéhuwa ngabingbing Daud pikeun nulis kaayaan dina jamanna jeung dina mangsa ka hareup, nyaéta waktu manéhna dihirupkeun deui sarta bisa ngamulyakeun Yéhuwa salilana. Urang ogé jadi bisa leuwih ngarti kana kekecapan nu aya dina Jabur 37:10, 11, 29. Ayat-ayat éta ngagambarkeun kaayaan bangsa Israél dina jaman baheula jeung ngagambarkeun kaayaan dina mangsa ka hareup waktu kabéh jangji Allah geus ngawujud.​—Tingali paragrap 8 tina artikel ”Manéh Bakal Bareng jeung Urang di Pirdaus” dina édisi ieu.

Jabur 145:2 jeung ayat séjénna nu mirip téh nunjukkeun yén Daud hayang ngamulyakeun Yéhuwa nepi ka manéhna maot. Ayat-ayat éta gé nunjukkeun naon nu bakal dilakukeun ku Daud waktu Yéhuwa ngahirupkeun deui manéhna.

[Catetan Handap]

a Kutipan ayat tina kitab Jabur dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun