PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwex artikel 15
  • Tadina Hiji Palajar Alkitab, Ayeuna Jadi Loba

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Tadina Hiji Palajar Alkitab, Ayeuna Jadi Loba
  • Pangalaman Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Bahan nu Sarupa
  • Abdi Resep Diajar jeung Ngajar Batur ngeunaan Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Pangalaman Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwex artikel 15
Jalma-jalma ngumpul pikeun diajar Alkitab liwat telepon. Di deukeut telepon, diteundeun mikrofon supaya sorana bisa kadéngé ku kabéhanana.

Tadina Ngan Aya Hiji Palajar Alkitab, Ayeuna Jadi LobaMany

Marta téh saurang Saksi Yéhuwa di Guatemala nu keur diajar basa Kekchi. Manéhna hayang ngawawar ka jalma-jalma nu ngomong basa Kekchi. Hiji poé, manéhna ningal aya bapa-bapa nu kaluar ti rumah sakit. Katingalina si Bapa téh asalna ti désa Kekchi nu aya di pagunungan. Daérah éta jarang diwawaran ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Terus Marta nyampeurkeun jeung ngajak ngobrol éta Bapa, padahal Marta téh can pati lancar basa Kekchi.

Si Bapa ditawaran palajaran Alkitab, terus daékeun. Si Bapa ngomong mun manéhna teu bogaeun duit, tapi Marta ngajelaskeun mun diajar Alkitab jeung Saksi mah haratis. Marta nawarkeun palajaran Alkitab liwat telepon, supaya kulawarga si Bapa bisa ngadéngékeun bareng-bareng. Si Bapa téh satujueun. Terus lantaran si Bapa bisa basa Spanyol, Marta méré Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dina basa Spanyol jeung buku Apa yang Sebenarnya Alkitab Ajarkan? dina basa Kekchi. Minggu hareupna, kulawarga éta diajar Alkitab maké telepon dua kali saminggu. Ceuk Marta, ”Lantaran abdi teu lancar ngomong Kekchi, urang téh diajarna maké basa Spanyol, terus si Bapa narjamahkeun keur pamajikanana. Tapi barudakna mah ngartieun basa Spanyol.”

Geuning si Bapa téh pastor di garéjana. Jadi, nu diajarkeun ku Saksi Yéhuwa tina Alkitab téh diajarkeun deui ka jamaahna. Maranéhna resepeun, terus nanyakeun di mana si Bapa diajar Alkitab. Ku si Bapa dijelaskeun, terus hiji-hiji maranéhna mulai miluan diajar Alkitab. Teu lila, unggal mingguna aya kira-kira 15 jalma nu ngumpul pikeun diajar jeung Marta liwat telepon. Ahirna, maranéhna nunda mikrofon di deukeut teleponna supaya kabéh bisa ngadéngé.

Marta méré nyaho kokolot ngeunaan palajaran Alkitabna. Terus, aya hiji kokolot nu datang ka désa éta. Manéhna ngondang para palajar Alkitab éta datang ka caramah umum nu rék ditepikeun ku pangawas wilayah.a Éta caramah bakal ditepikeun di désa séjén. Lamun rék ka ditu, maranéhna kudu naék mobil kurang leuwih sajam terus leumpang deui dua jam. Maranéhna daékeun, terus aya 17 jalma nu datang.

Sababaraha minggu sanggeusna, pangawas wilayah jeung sababaraha Saksi téh ngadatangan para palajar Alkitab di désana. Maranéhna cicing di ditu salila opat poé. Isuk-isukna maranéhna nongton vidéo tina jw.org dina basa Kekchi terus diajar tina brosur Saha nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari? Beurangna maranéhna nongton vidéo JW Broadcasting. Terus, pangawas wilayahna ngatur sangkan unggal jalma bisa diajar Alkitab sorangan-sorangan.

Dina opat poé éta ogé para Saksi ngawawar di sakurilingeun désa Kekchi. Maranéhna ngondang jalma-jalma datang ka pasamoan. Aya 47 jalma nu datang. Maranéhna ditawaran palajaran Alkitab, terus aya sabelas kulawarga nu daékeun diajar.

Sababaraha bulan sanggeusna, para kokolot ngatur supaya unggal mingguna diayakeun pasamoan di désa éta. Ayeuna, aya kira-kira 40 jalma nu rutin datang ka pasamoan. Dina Pangéling-éling pupusna Kristus, aya 91 jalma nu datang.

Waktu mikirkeun deui pangalaman éta, Marta ngomong, ”Abdi téh nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa. Asana téh abdi teu bisa nanaon, tapi da Allah mah bisa ngagunakeun saha waé pikeun ngabantu batur. Mantenna nyaho eusi haté jalma-jalma di désa éta, jadi ku Mantenna ditarik ka umat-Na. Yéhuwa nyaah ka pisan ka maranéhna.”

a Pangawas wilayah téh saurang Saksi Yéhuwa nu sok ngadatangan kira-kira 20 sidang dina hiji wilayah.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun