PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 114
  • Kumaha Lamun Abdi Hayang Bunuh Diri?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Lamun Abdi Hayang Bunuh Diri?
  • Pananya Budak Ngora
  • Bahan nu Sarupa
  • Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Na Enya Doa Bisa Ngabantu Urang?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Lamun Aya Musibah dina Kulawarga
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 114
Saurang rumaja nu déprési keur ngahuleng ningalian cihujan.

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Lamun Abdi Hayang Bunuh Diri?

”Sababaraha taun kamari, abdi ngarasa strés pisan. Asana téh abdi kudu bajoang mareuman seuneu nu ngagedur unggal poéna. Abdi geus bosen sangsara terus. Jadi, basa éta abdi kapikiran rék bunuh diri. Tapi sabenerna mah, abdi embung paéh.”​—Jonathan, 17 taun.

Aya hiji survéi nu dilakukeun ka 11.000 barudak SMP jeung SMA. Hasilna, dina 12 bulan ka tukang, 1 ti 20 barudak téh pernah kapikiran rék bunuh diri.a Lamun anjeun kapikiran rék bunuh diri, naon nu bisa dilakukeun ku anjeun?

  • Tahan heula. Ulah langsung nuturkeun kahayang éta. Sanajan anjeun geus teu tahan deui nyanghareupan masalah, masih aya kénéh nu bisa dicoba ku anjeun keur nyanghareupan masalah éta.

Manéhna néangan jalan kaluar tina labirin.

Anjeun meureun ngarasa, masalah anjeun téh euweuh jalan kaluarna. Tapi, bisa jadi éta ngan parasaan anjeun hungkul. Masalah anjeun téh pasti aya jalan kaluarna. Lamun anjeun narima bantuan, meureun anjeun bakal meunangkeun jalan kaluarna.

  • Prinsip Kitab Suci: ”Urang-urang digencét ti sagala arah, tapi teu kasedek nepi ka teu bisa usik. Urang-urang bingung teu nyaho kudu kumaha, tapi aya waé jalan kaluarna.”​—2 Korintus 4:8.

    Saran: Lamun pikiran pikeun bunuh diri téh teu leungit-leungit, geura téangan bantuan, misalna telepon ka layanan pencegahan bunuh diri atawa indit ka rumah sakit. Jalma-jalma di ditu téh geus dilatih pikeun méré bantuan. Maranéhna bener-bener hayang mantuan anjeun.

  • Pék carita ka jalma nu bisa dipercaya. Aya jalma-jalma nu nyaah jeung hayang mantuan anjeun, misalna babaturan jeung kulawarga. Tapi, meureun maranéhna teu nyaho yén anjeun boga masalah, jadi anjeun kudu nyarita ka maranéhna.

Manéhna maké kacamata.

Aya nu butuh kacamata supaya ningalina leuwih cékas. Kitu ogé, meureun anjeun butuh babaturan supaya bisa leuwih saimbang waktu nyanghareupan masalah sarta boga sumanget hirup deui.

  • Prinsip Kitab Suci: ”Sobat salawasna sok . . . silih tulungan dina kasusah.”​—Siloka 17:17.

    Saran: Meureun anjeun bingung kudu ngomong naon. Pék cobaan ngomong kieu, ”Ahir-ahir ieu, pikiran urang téh négatif waé. Bisa teu urang nyarita ka manéh?” Atawa, meureun anjeun bisa ngomong, ”Urang téh boga masalah nu beurat. Teuing kudu kumaha. Bisa teu manéh mantuan urang?”

  • Téangan bantuan ti para dokter. Masalah kaséhatan, siga strés nu parah atawa déprési, bisa nyababkeun saurang jalma teu sumanget hirup deui. Tapi untungna, masalah kaséhatan siga kitu téh bisa dicageurkeun.

Manéhna katingali meni leuleus pisan. Dahareun di hareupeunana gé teu ditoél-toél acan.

Waktu urang keur pilek, bisa waé urang jadi teu hayang dahar nanaon. Kitu ogé, waktu urang déprési, meureun urang jadi teu hayang hirup deui. Tapi siga pilek, déprési téh bisa dicageurkeun.

  • Prinsip Kitab Suci: ”Nu butuh dokter mah lain jalma séhat, tapi jalma gering.”​—Matius 9:12.

    Saran: Anjeun perlu cukup saré, rutin olahraga, jeung milih dahareun nu séhat. Mun anjeun séhat, anjeun bakal leuwih bagja.

  • Ngadoa. Ceuk Kitab Suci, Allah Nu Nyipta téh ”leuwih punjul tibatan haté urang jeung nyaho sagalana”. (1 Yahya 3:20) Jadi poé ieu, pék ngadoa jeung sebutkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa. Budalkeun eusi haté anjeun.

Manéhna kawalahan mawa dus nu badag pisan.

Aya sababaraha masalah nu beurat teuing mun ditanggung ku anjeun sorangan. Tapi Yéhuwa, Allah Nu Nyipta téh, hayang nulungan anjeun.

  • Prinsip Kitab Suci: ”Pék pénta bantuan Allah . . . ku kituna katengtreman ti Allah, nu teu kahontal ku akal manusa, bakal ngajaga haté jeung pikiran aranjeun.”​—Filipi 4:6, 7.

    Saran: Salian ti nyaritakeun masalah anjeun ka Yéhuwa, pék pikirkeun sahenteuna hiji berkah ti Anjeunna poé ieu. (Kolose 3:15) Lamun anjeun sering ngucap sukur, pikiran anjeun bakal jadi leuwih positif.

Lamun anjeun ngarasa geus teu boga sumanget hirup deui, pénta bantuan. Éta nu dilakukeun ku Jonathan nu disebutkeun dina awal artikel. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi leuwih sering nyarita ka kolot sarta ménta bantuan ka para dokter. Nya mémang sih, masalah mah pasti aya waé, tapi ayeuna mah jauh leuwih mending. Abdi gé geus teu kapikiran rék bunuh diri deui.”

a Survéi ieu téh diayakeun dina taun 2015 ku Kementerian Kesehatan Republik Indonesia jeung Organisasi Kesehatan Dunia.

Ceuk budak ngora séjénna

Alexandra.

”Kaséhatan méntal téh sarua pentingna jeung kaséhatan awak. Bédana, lamun tulang urang aya nu potong, éta katingali ku batur. Tapi lamun émosi urang nu kaganggu, bisa jadi éta teu katingali. Jadi lamun urang ngarasa émosi urang kaganggu, ulah asa-asa nyarita ka batur. Tong éra ménta bantuan.”​—Alexandra.

Ian.

”Basa abdi leutik kénéh, kolot abdi sok ngajarkeun yén kabéh masalah pasti bisa diréngsékeun, atawa sahenteuna urang bisa tabah nyanghareupanana. Abdi osok curhat ka kolot. Lamun aya batur curhat, abdi bisa boga cara pandang nu bener kana masalah abdi.”​—Ian.

Ayat-ayat Kitab Suci nu ngabantu

Pék jieun daptar ayat-ayat Kitab Suci naon waé nu ngabantu anjeun waktu anjeun keur strés. Ieu sababaraha contona:

Jabur 34:19: ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”

Maksudna: Yéhuwa téh bener-bener merhatikeun ka jalma nu ngarasa masalahna téh beurat pisan. Anjeunna hayang nulungan maranéhna.

Jabur 46:2: ”Allah teh benteng jeung kakuatan urang, anu salawasna nulung dina pakewuh.”

Maksudna: Saban anjeun ngarasa hariwang, pék ngadoa ka Yéhuwa. Anjeunna téh siap jeung hayang mantuan anjeun.

Jabur 94:18, 19: ”Sanggem pikiran, ’Aduh tiguling,’ nanging teras disangkeh ku satia asih Gusti. Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”

Maksudna: Waktu urang maca Kitab Suci, Allah bisa ngagunakeun Firman-Na éta keur ngalilipur urang. Tong poho maca Kitab Suci unggal poé.

Jabur 139:23, 24: ”Pariksa diri abdi . . . nun Allah, uji, bolekerkeun eusi hate abdi. Kotektak bilih di dinya aya kajahatanana teras tungtun abdi ka jalan nu langgeng.”

Maksudna: Allah téh leuwih terang ngeunaan diri anjeun tibatan anjeun sorangan. Allah bisa mantuan anjeun pikeun teu mikiran hal-hal nu négatif. Ku kituna, anjeun bisa bagja deui.

Yesaya 41:10: ”Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas.”

Maksudna: Yéhuwa bisa méré urang kakuatan pikeun nyanghareupan masalah naon waé.

Kasimpulan: Kumaha lamun abdi hayang bunuh diri?

  • Tahan heula. Ulah langsung nuturkeun kahayang éta. Masih aya kénéh nu bisa dicoba ku anjeun keur nyanghareupan masalah éta.

  • Pék carita ka jalma nu bisa dipercaya. Babaturan jeung kulawarga moal nyaho naon masalah anjeun lamun anjeun teu nyarita.

  • Téangan bantuan ti para dokter. Kahayang pikeun bunuh diri téh tanda yén saurang jalma keur déprési. Éta bisa dicageurkeun.

  • Ngadoa. Allah téh leuwih terang ngeunaan diri anjeun tibatan anjeun sorangan, sarta Anjeunna hayang nulungan anjeun.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun