PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwex artikel 3
  • Maranéhna Eureun pikeun Nulungan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maranéhna Eureun pikeun Nulungan
  • Pangalaman Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Bahan nu Sarupa
  • ”Sumuhun Abdi! Mangga Abdi Utus!”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
Pangalaman Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwex artikel 3
Bob diuk di sisi jalan dina korsi roda bari nempo barudak ngora Saksi ngaganti ban mobilna

Maranéhna Eureun pikeun Nulungan

Bob nu cicing di Alberta, Kanada, nyupiran mobil kira-kira 100 kilométer per jam dina cuaca nu tiris bari jeung anginna ngagelebug. Ari pék téh ban tukang beulah kénca ngadadak bitu. Mimitina mah Bob teu apaleun, jadi manéhna terus wé nyupiran nepi ka lima kilométer ka arah imahna.

Kajadian sanggeusna dicaritakeun ku Bob dina surat nu dikirim ka Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna nulis, ”Aya lima budak ngora dina mobil nyusul abdi tuluy muka kaca mobilna. Maranéhna ngabéjaan ban mobil abdi bitu. Jadi nya abdi ngeureunkeun mobil bareng jeung maranéhna. Tuluy maranéhna nawaran rék ngaganti ban mobil abdi. Abdi teu apal naha ban sérep jeung dongkrakna gé aya atawa henteu. Abdi diuk di sisi jalan dina korsi roda bari nempo maranéhna asup ka kolong mobil néangan ban sérep jeung dongkrak, tuluy ngaganti banna. Harita téh keur tiris pisan bari jeung aya salju. Pakéan maranéhna mani rarapih tapi daék nulungan abdi. Mobil abdi tungtungna bisa jalan deui. Mun digawékeun ku sorangan mah moal bisa.

”Hatur nuhun ka lima budak Saksi nu geus nulungan abdi. Maranéhna téh aya di daérah éta lantaran keur ngawawar ka imah-imah. Barudak ieu bener-bener ngalarapkeun naon nu diwawarkeun ku maranéhna. Abdi nganuhunkeun ka maranéhna lantaran mun teu ditulungan mah abdi ripuh pisan. Abdi teu nyangka bisa panggih jeung malaikat di jalan poé éta.”

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun