PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwwd artikel 11
  • Lendir Siput nu Lengket

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Lendir Siput nu Lengket
  • Naha Ieu Dirancang?
  • Bahan nu Sarupa
  • Lém nu Dihasilkeun ku Kerang Teritip
    Naha Ieu Dirancang?
Naha Ieu Dirancang?
ijwwd artikel 11
Siput nu ngaluarkeun lendir.

NAHA IEU DIRANCANG?

Lendir Siput nu Lengket

Para ahli bedah geus lila néangan lém nu bisa dipaké dina operasi jeung bisa ngabantu proses cageurna luka dina jaringan tubuh. Lém-lém nu ayeuna mah teu bisa digunakeun di jero awak. Lém éta ngandung racun, jadi heuras waktu geus garing, jeung henteu bisa napel dina jaringan nu baseuh. Ku cara naliti lendir siput,a para ahli manggihan jalan kaluar pikeun masalah ieu.

Perhatikeun: Waktu ngarasa kaancam, siput ngaluarkeun lendir nu sakitu léngkétna nepi ka bisa napel dina daun nu baseuh. Ieu téh cara pikeun ngalindungan diri. Sanajan kitu, manéhna masih bisa gerak saeutik.

Para ahli ngarisét lendir ieu jeung jadi nyaho naon nu nyababkeun lém alami ieu téh alus. Misalna, lendir ieu boga ikatan kimia jeung daya tarik éléktrostatik (daya tarik nu disababkeun ku médan listrik). Lendir ieu bisa nyerep kana permukaan tempat némpélna siput jeung tetep elastis waktu diteken. Para ahli nyieun lém nu bahan-bahanna méh sarua jeung lendir siput. Lém ieu leuwih kuat ti batan lém nu ayeuna dipaké keur kaperluan médis sarta bisa napel dina organ tubuh. Ceuk para ahli mah lém éta bisa napel ”dina organ sakumaha tulang rawan napel dina tulang”.

Para ahli yakin lém ieu bisa dijadikeun salah sahiji pakakas nu dibutuhkeun ku unggal dokter bedah, ku kituna jaitan jeung staples dina prosés operasi bisa dikurangan. Lém ieu bisa digunakeun pikeun ngoméan tulang rawan nu ruksak atawa napelkeun alat médis di jero awak. Hasil uji coba ngabuktikeun yén lémna bisa nutupan lobang dina jantung babi jeung nambal lobang dina ati beurit.

Para ahli sering manggihan jalan kaluar nu alus tina masalah-masalah nu disanghareupan ku cara nyonto ka alam. Donald Ingber, diréktur lembaga risét lém buatan, ngomong, ”Nu penting mah naon nu diperhatikeun ku urang, tuluy manggihan ideu nu alus tina hal éta.”

Kumaha ceuk Sadérék? Naha lém alami lendir siput téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?

a Ngaran ilmiahna téh Arion subfuscus.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun