PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwwd artikel 13
  • Jeruk Bali Dilindungan ku Kulitna

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Jeruk Bali Dilindungan ku Kulitna
  • Naha Ieu Dirancang?
  • Bahan nu Sarupa
  • Kulit Hiu
    Naha Ieu Dirancang?
  • Mahluk Hirup nu Mencarkeun Cahaya
    Naha Ieu Dirancang?
  • Kulit Tripang nu Sakitu Hébatna
    Naha Ieu Dirancang?
Naha Ieu Dirancang?
ijwwd artikel 13
Buah jeruk bali dina tangkal.

NAHA IEU DIRANCANG?

Jeruk Bali Dilindungan ku Kulitna

Jeruk bali téh jeruk nu gedé jeung amis. Sanajan murag ti tangkalna nu jangkungna leuwih ti 10 méter, buahna moal ancur. Ku naon jeruk bali bisa sakitu kuatna?

Perhatikeun: Para panaliti merhatikeun yén lapisan bodas dina kulit jeruk bali téh siga spon jeung rada kandel. Beuki deukeut kana buahna, bolong-bolong dina lapisan ieu beuki carang. Bolong-bolong ieu téh eusina cairan atawa udara. Waktu buahna neunggar taneuh, kulitna nu siga spon téh jadi kaku. Ku kituna buahna moal ancur, sabab kulitna ngalindungan buahna.

Potongan jeruk bali ieu némbongkeun kulitna nu siga spon. Gambar ieu némbongkeun kulit jeruk bali nu bolong-bolong.

Para ahli nyieun spon tina logam nu dirancang nyonto kulit jeruk bali. Maranéhna percaya yén rancangan ieu bisa digunakeun dina hélem motor, bagian kendaraan nu ngalindungan waktu ditubruk, jeung bagian nu ngalindungan stasion luar angkasa waktu aya météor nubruk.

Kumaha ceuk Sadérék? Naha kulit jeruk bali téh hasil évolusi? Atawa ieu dirancang?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun