SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?
Saluran Satelit JW Bisa Nepi ka Tempat nu Euweuh Internétna
1 APRIL 2021
Unggal bulan, urang pasti ngadago-dago pisan acara jeung vidéo nu aya dina JW Broadcasting. Tapi, loba sadérék urang di Afrika teu bisa nongton acara ieu dina Internét. Ku naon?
Di kalolobaan daérah di Afrika téh teu aya Internét. Mun aya gé, éta pasti lambat jeung mahal pisan. Misalna, sakali waktu saurang pangawas wilayah di Madagaskar nga-download vidéo JW Broadcasting di warnét. Manéhna téh kudu mayar kira-kira 230 rébu rupiah. Keur sababaraha jalma, éta téh leuwih gedé tibatan panghasilan dina saminggu!
Tapi, ayeuna jutaan sadérék-sadérék di Afrika bisa nongton JW Broadcasting sanajan euweuh Internét. Kumaha bisa?
Ti saprak taun 2017, jalma-jalma nu cicing di beulah kidul Sahara Afrika (sub-Sahara Afrika) bisa nongton JW Broadcasting liwat saluran TV satelit. Acara ieu disiarkeun gratis salila 24 jam sapoé, 7 poé saminggu, jeung aya dina 16 basa.
Sadérék-sadérék di Mozambik keur ngatur posisi parabola di Balé Karajaan, 2018
Pikeun nyiarkeun acarana liwat satelit, Saksi-Saksi Yéhuwa nyieun kontrak jeung hiji layanan saluran TV. Satelit ieu téh dipaké pikeun nyiarkeun acara-acara ka kira-kira 35 nagri di beulah kidul Sahara Afrika. Biaya nu kudu dibayar téh leuwih ti 170 juta rupiah sabulanna. Sakapeung, aya biaya tambahan ogé pikeun nyiarkeun acara-acara langsung dina saluran séjén. Ku kituna, rébuan sadérék-sadérék bisa nongton acara kongrés atawa acara husus kunjungan wakil kantor pusat nu diayakeun sacara langsung.
Sadérék-sadérék Rancang/Bangun Setempat di Malawi keur nongton saluran satelit JW, 2018
Loba jalma, kaasup nu lain Saksi, bisa nongton saluran satelit JW di imahna. Tapi, aya ogé sadérék-sadérék nu teu bisa meuli alat-alat nu dibutuhkeun pikeun nongton saluran satelit ieu. Pikeun mantuan maranéhna, alat-alat ieu geus disadiakeun di leuwih ti 3.670 Balé Karajaan. Ku kituna, sadérék-sadérék jadi bisa nongton JW Broadcasting di ditu. Biaya alat-alat jeung ongkos kirimna téh bisa nepi ka sajuta rupiah, tapi éta gé mun di Balé Karajaanana geus aya TV atawa proyektor. Tapi mun can aya, biayana téh bisa nepi ka 7,6 juta rupiah.
Sadérék-sadérék urang téh bener-bener ngahargaan saluran ieu. Saurang kokolot di Kamerun nyarita, ”Keur kulawarga urang, saluran ieu téh siga manna di gurun keusik.” Saurang sadérék di Nigeria nu ngaranna Odebode nyaritakeun, ”Urang sakulawarga nongton saluran ieu tilu kali saminggu. Barudak abdi resep pisan kana saluran ieu. Malah, sakapeung maranéhna gé sok ménta pikeun mindahkeun saluran TV ka saluran JW.” Rose nu cicingna di Nigeria gé nyarita, ”Abdi bungah pisan. Biasana mah abdi sok nongton berita, ari ayeuna mah abdi jadi nongton saluran satelit JW. Mun nongton berita, abdi jadi gampang keuheul, tekanan darah téh sok naék. Tapi acara JW Broadcasting mah meni nguatkeun jeung nengtremkeun! Ieu téh saluran nu paling dipikaresep ku abdi. Ieu téh bener-bener berkah nu luar biasa ti Yéhuwa.”
Hiji kulawarga di Malawi nongton vidéo keur barudak leutik dina saluran satelit JW
Saurang pangawas wilayah di Mozambik méré laporan yén di Balé-Balé Karajaan di wilayahna téh geus dipasang alat-alat supaya bisa narima saluran satelit ieu. Sadérék-sadérék di ditu sok datang sajam saacan pasamoan atawa leuwih supaya bisa nongton JW Broadcasting.
Hiji sidang di Etiopia keur nongton acara JW Broadcasting sanajan euweuh Internét, 2018
Dina taun 2019, aya kongrés internasional di Johannesburg, Afrika Selatan. Di ditu, saluran ieu dipaké pikeun nyiarkeun hutbah-hutbah, kaasup hutbah nu ditepikeun ku Badan Pingpinan, ka salapan lokasi séjén. Sphumelele, nu digawé di Departemén Broadcasting di kantor cabang Afrika Selatan nyarita, ”Saacanna, urang kudu nyiarkeun hutbah-hutbah ieu maké Internét. Tapi biayana téh meni mahal, jeung Internétna gé kudu stabil. Ari saluran satelit JW mah biayana leuwih murah jeung leuwih stabil.”
Hatur nuhun pisan kana sumbangan Sadérék pikeun ngadukung pagawéan di sakuliah dunya. Ayeuna, loba ti sadérék-sadérék urang di Afrika bisa nongton acara JW Broadcasting. Urang ngahargaan pisan kana sumbangan Sadérék nu dibéré liwat sababaraha cara nu aya dina donate.jw.org.