PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g18 No. 2 kaca 10
  • 7 Prinsip Hirup

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 7 Prinsip Hirup
  • Éling!—2018
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NAON HARTINA?
  • KU NAON PENTING?
  • NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?
  • Pentingna Boga Prinsip Hirup
    Éling!—2019
Éling!—2018
g18 No. 2 kaca 10
Bapa jeung budakna maké kompas pikeun nangtukeun arah

Prinsip hirup nu hadé téh ibarat kompas nu alus nu bisa ngabantu budak nangtukeun jalan hirupna

KEUR INDUNG BAPA

7 Prinsip Hirup

NAON HARTINA?

Prinsip hirup téh pamadegan nu dicekel ku hiji jalma. Misalna, Sadérék ngupayakeun pikeun jujur dina sagala hal. Sadérék gé pasti hayang budak Sadérék boga prinsip nu sarua.

Prinsip hirup ogé kaasup tatakrama. Saurang jalma nu boga tatakrama biasana getol, adil, jeung teu mikirkeun diri sorangan. Sipat-sipat ieu alus lamun dimekarkeun ti ngongora.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.”​—Siloka 22:6.

KU NAON PENTING?

Dina jaman nu canggih kiwari, prinsip moral nu hadé téh perlu. Saurang indung nu ngaranna Karyn ngomong, ”Iraha waé, barudak bisa keuna ku pangaruh goréng nu aya dina alat éléktronik. Sanajan diuk di gigireun urang gé, bisa waé manéhna nempoan hal-hal nu teu pantes!”

PRINSIP KITAB SUCI: ”Anu geus cukup umur . . . bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.”​—Ibrani 5:14.

Tatakrama ogé penting. Ieu kaasup kasopanan (saperti ngomong ”punten” jeung ”hatur nuhun”) sarta nunjukkeun perhatian ka batur. Perhatian ka batur téh penting ku sabab ayeuna mah jalma-jalma leuwih merhatikeun alat éléktronik ti batan jalma.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Lamun hayang dihadean, kudu hade ka batur.”​—Lukas 6:31, Sunda Formal.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

Caritakeun prinsip moral Sadérék. Hasil risét nunjukkeun yén rumaja leuwih bisa nolak hubungan séks saacan kawin lamun manéhna dibéré nyaho yén éta téh salah.

SARAN: Gunakeun kajadian nu anyar pikeun ngabahas prinsip hirup. Misalna, lamun aya berita ngeunaan jalma nu dipaéhan, Sadérék bisa ngomong, ”Ngeri pisan nya, jalma bisa sakitu ambekna nepi ka maéhan batur. Ceuk manéh, ku naon bisa kitu?”

”Budak bakal hésé milih nu bener lamun teu ngarti mana nu bener jeung nu salah.”​—Brandon.

Ajarkeun tatakrama. Budak leutik ogé bisa diajar pikeun ngomong ”punten” jeung ”hatur nuhun” sarta ngahargaan batur. Ceuk buku Parenting Without Borders, ”Lamun budak ngarasa manéhna téh bagian ti lingkungan nu leuwih gedé, saperti kulawarga, sakola, jeung masarakat, manéhna bakal leuwih gampang nunjukkeun kahadéan ka batur, lain ngan mikirkeun dirina sorangan.”

SARAN: Béré tugas di imah sangkan budak resep mantuan batur.

”Lamun budak urang geus biasa ngajalankeun tugas ti ayeuna, manéhna moal bingung waktu engkéna misah ti kolot. Manéhna geus biasa ngalaksanakeun tanggung jawabna.”​—Tara.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun