PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g19 No. 2 kaca 12-13
  • Mangpaatna Bingbingan ti Jalma Déwasa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Mangpaatna Bingbingan ti Jalma Déwasa
  • Éling!—2019
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • SAHA NU BISA NGABINGBING BUDAK?
  • KU NAON PENTING?
  • KUMAHA CARANA NYADIAKEUN BINGBINGAN?
  • Kumaha Carana Ngabingbing Budak?
    Bantuan keur Kulawarga
  • Bantu Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Éling!—2019
g19 No. 2 kaca 12-13
Saurang awéwé némbongkeun poto jaman baheula ka budak awéwé

PALAJARAN 5

Mangpaatna Bingbingan Ti Jalma Déwasa

SAHA NU BISA NGABINGBING BUDAK?

Budak butuh bingbingan jeung naséhat ti jalma déwasa. Nu paling bisa nyadiakeun hal-hal éta téh nya Sadérék salaku kolot. Éta mémang tugas Sadérék. Sanajan kitu, jalma déwasa séjénna gé bisa ngabantu.

KU NAON PENTING?

Di loba nagri, budak jarang ngobrol jeung jalma déwasa. Pék perhatikeun:

  • Sapopoé, budak téh aya di sakola, muridna jauh leuwih loba ti batan guru jeung jalma déwasa séjénna.

  • Balik sakola, sababaraha budak nepi ka imah téh euweuh sasaha lantaran kolotna garawé.

  • Hiji panalungtikan di Amerika Serikat nyebutkeun yén budak nu umurna antara 8 jeung 12 taun ngagunakeun rata-rata genep jam sapoé keur hiburan nu aya dina alat éléktronik.a

Buku Hold On to Your Kids ngajelaskeun, ”Budak ngora meunang pituduh, tuladan, jeung bingbingan téh lain ti indungna, bapana, guruna, atawa jalma déwasa séjénna, tapi kalah ka ti . . . babaturanana.”

KUMAHA CARANA NYADIAKEUN BINGBINGAN?

Sadiakeun waktu jang budak.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup, sangkan ingeteun saumur-umur.”​—Siloka 22:6.

Sacara alami, budak hayang dibingbing ku kolotna. Para ahli nyebutkeun yén budak nu kakara rumaja leuwih resep ngadéngékeun naséhat kolotna ti batan babaturanana. Dr. Laurence Steinberg nulis dina buku You and Your Adolescent, ”Sikep jeung kabiasaan budak ti rumaja nepi ka déwasa masih kapangaruhan pisan ku kolotna.” Manéhna ogé nambahkeun, ”Budak rumaja ngahargaan pandangan Sadérék jeung ngadéngékeun omongan Sadérék, sanajan éta teu diungkabkeun atawa maranéhna teu satuju kana sababaraha hal.”

Lantaran budak hayang dibingbing ku Sadérék, Sadérék kudu sabisa-bisa méré bingbingan. Sing sering ngobrol jeung budak ngeunaan pandangan, prinsip, jeung pangalaman Sadérék.

Pénta bantuan batur.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter.”​—Siloka 13:20.

Naha aya jalma déwasa nu bisa jadi tuladan keur budak rumaja Sadérék? Sadérék bisa ngatur sangkan budak gaul jeung manéhna. Tangtu, ieu lain hartina tanggung jawab Sadérék salaku kolot dipasrahkeun ka manéhna. Tapi, jalma déwasa nu bisa dipercaya jeung moal nyilakakeun budak bisa ngabantu Sadérék dina méré bingbingan. Dina Alkitab, Timoteus sanajan geus déwasa gé narima loba mangpaat lantaran ngalalayanan bareng jeung Rasul Paulus. Paulus ogé sarua meunang mangpaat lantaran babaturan jeung Timoteus.​—Pilipi 2:20, 22.

Kiwari, loba kulawarga jarang panggih jeung aki ninina, emangna, bibina, jeung baraya séjénna lantaran jararauh, malahan aya nu cicingna di luar nagri. Lamun ieu kaalaman ku Sadérék, upayakeun sangkan budak bisa diajar ti jalma-jalma déwasa nu boga sipat-sipat alus nu bisa diconto ku budak Sadérék.

a Panalungtikan éta gé nyebutkeun yén rumaja ngagunakeun ampir salapan jam sapoé keur hiburan nu aya dina alat éléktronik. Angka-angka ieu can kaasup waktu nu dipaké keur Internétan di sakola atawa waktu keur nyieun PR.

Saurang awéwé némbongkeun poto jaman baheula ka budak awéwé

LATIH TI AYEUNA

Budak nu daék dibingbing ku jalma déwasa biasana bakal leuwih bijaksana jeung koloteun engkéna

Ajar ku Tuladan

  • Naha abdi jadi tuladan nu hadé keur budak?

  • Naha budak apal lamun abdi gé osok ménta naséhat ti jalma nu leuwih pangalaman?

  • Naha abdi nunjukkeun budak téh penting ku cara nyadiakeun waktu keur manéhna?

Ceuk Sababaraha Kolot . . .

”Sakapeung pas abdi keur rariweuh, budak ngomong aya nu rék diobrolkeun. Abdi pasti mentingkeun heula manéhna, sanajan abdi ngomong ka manéhna sina ngadagoan sababaraha menit sangkan abdi bisa merhatikeun omonganana. Abdi jeung pamajikan ngupayakeun jadi tuladan keur budak. Abdi ngalarapkeun prinsip-prinsip nu diajarkeun ka manéhna.”​—David.

”Pas budak abdi lahir, abdi jeung salaki mutuskeun abdi moal digawé tapi rék cicing di imah sangkan bisa ngurus budak. Abdi teu kaduhung kana putusan éta. Nu penting mah kolot sabisa-bisa maturan budakna pikeun méré bingbingan jeung pituduh. Tapi nu leuwih penting deui, éta téh bukti kanyaah kolot ka budak.”​—Lisa.

PENTINGNA DIAJAR TI JALMA DÉWASA

”Barudak abdi téh biasa ngobrol jeung jalma déwasa nu umur jeung pangalamanana béda-béda. Éta ngabantu maranéhna diajar tina pangalaman loba jalma. Misalna, barudak abdi mani resep pisan waktu uyutna nyaritakeun kahirupanana basa keur leutik. Kulawargana téh nu mimiti boga listrik. Para tatangga daratang ka imah tuluy asup ka dapur ngan saukur hayang nempo lampu dipareuman jeung dihurungkeun. Barudak jadi nyaho kahirupan harita jeung ayeuna téh béda pisan. Lantaran ngadéngé carita éta, maranéhna jadi leuwih ngahargaan uyutna jeung nu karolot séjénna. Lamun barudak leuwih sering babarengan sarta ngobrol jeung nu geus déwasa, maranéhna bakal diajar loba hal.”​—Maranda.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun