Nu Dipercaya Ku jalma-jalma
Panganut Hindu
percaya kasangsaraan téh balukar tina kalakuan saurang jalma, boh dina kahirupan nu ayeuna boh nu baheula. Ceuk maranéhna, manusa téh dilahirkeun deui sababaraha kali maké awak nu béda-béda. Tapi lamun teu mikiran hal-hal duniawi, manusa bisa meunangkeun moksa, hartina leupas tina ranté dilahirkeun deui.
Muslim
percaya kasangsaraan téh takdir ti Gusti. Musibat téh paringetan ”supaya urang terus ngucap sukur lantaran geus dibéré berkah ku Allah sarta supaya urang nulungan nu keur susah”, ceuk Dr. Sayyid Syeed, présidén Islamic Society of North America.
Adat kabiasaan Yahudi
ngajarkeun yén jalma téh sangsara lantaran kalakuanna sorangan. Sababaraha urang Yahudi percaya, nu maot bakal dihirupkeun deui. Sanggeusna, jalma-jalma nu teu salah tapi milu sangsara bakal meunangkeun kaadilan. Kabbalah, atawa kapercayaan mistis Yahudi, ngajarkeun ngeunaan réinkairnasi,a nu mangkali-kali méré kasempetan ka saurang jalma keur nebus kasalahanna.
Panganut Budha
ogé percaya yén manusa téh dilahirkeun deui sababaraha kali. Ceuk maranéhna, saurang jalma bakal terus sangsara mun kalakuan, parasaan, jeung hasratna goréng kénéh. Tapi lamun manéhna bijaksana, nyieun kahadéan, jeung ngajaga pikiranna tetep bersih, manéhna bakal bisa nepi ka nirwana, hartina moal ngarasakeun deui sagala kasangsaraan.
Panganut Konfusius
nganggap kasangsaraan téh lolobana dilantarankeun ku ”kasalahan manusa,” ceuk buku A Dictionary of Comparative Religion. Jadi mun hirup bener mah, manusa moal pati sangsara. Tapi loba ogé kasangsaraan nu dilantarankeun ku ”mahluk-mahluk roh nu leuwih kuat ti batan manusa, jadi manusa teu bisa nanaon. Manusa kudu narima nu geus diputuskeun ku mahluk-mahluk roh éta”.
Sababaraha kapercayaan karuhun
nyebutkeun yén kasangsaraan téh aya hubunganna jeung sihir. Ceuk maranéhna, tukang sihir téh bisa méré kasuksésan atawa ngadatangkeun musibat. Tapi, musibatna moal parah-parah teuing lamun urang ngajalankeun sababaraha ritual. Misalna, mun saurang jalma keuna panyakit lantaran diguna-guna, aya ritual jeung ubar ti dukun nu bisa nangkis panyakit manéhna.
Panganut Kristen
percaya yén manusa téh sangsara lantaran dosa ti karuhun urang nu mimiti, sakumaha nu disebutkeun dina Alkitab, nyaéta di buku Kajadian. Tapi, pangajaran ieu diréka-réka ku loba golongan. Misalna, sababaraha urang Katolik percaya yén kasangsaraan saurang jalma téh bisa ’jadi kurban keur Allah’ supaya garéja diberkahan atawa pikeun nyalametkeun batur.
TÉANGAN LEUWIH LOBA
Tongton vidéo Naha Kabéh Cara Ibadah Ditarima ku Gusti? dina jw.org/su.
a Ceuk pangajaran ieu, ”réinkarnasi” téh kapercayaan yén saurang jalma dilahirkeun deui sababaraha kali, boh jadi manusa boh jadi sato.