PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • rk bag. 4 kaca 10-11
  • Saha Allah téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Saha Allah téh?
  • Naon Konci Hirup Bagja?
Naon Konci Hirup Bagja?
rk bag. 4 kaca 10-11

BAGIAN 4

Saha Allah téh?

LOBA allah nu disembah ku manusa. Tapi Kitab Suci ngajarkeun mung aya hiji Allah anu bener. Mantenna maha agung, langgeng, sarta taya babandinganana. Mantenna nyiptakeun saniskara nu aya di sawarga sareng di bumi, sarta Mantenna maparin kahirupan ka urang. Ku kituna, mung Mantenna nu kedah disembah ku urang.

Musa nyepeng papan batu nu ditulisan Sapuluh Paréntah Allah

Hukum nu dibikeun ka Musa mangrupakeun ”pesen-pesen anu ditepikeun ku para malaikat”

Allah seueur sebatanana, tapi jenengana-Na mung hiji nyaéta YÉHUWA. Allah masihan terang ka Musa, ”Sebutkeun yen anu ngutus maneh teh Kami, PANGERAN [Yéhuwa],a Allah panutan karuhunna, Allah panutan Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Kitu salalanggengna jenengan Kami teh; turunan anu bakal datang ari nyebut Kami teh kudu kitu.” (Budalan 3:15) Jenengan Yéhuwa aya kira-kira 7.000 kali dina Kitab Suci. Jabur 83:19 nyarioskeun ngeunaan Allah, ”mung Gusti nu jumeneng PANGERAN [Yéhuwa], anu murbeng sakuliah jagat”.

Naskah kuno Gulungan Laut Paéh ngamuat jenengan Allah

Naskah kuno Gulungan Laut Paéh ngamuat jenengan Allah

Teu aya manusa nu kungsi ningal Allah. Allah nyarios ka Musa, ”Pameunteu Kami mah moal ditembongkeun, sabab moal aya anu kuat nenjo, tangtu tiwas.” (Budalan 33:20) Allah linggih di sawarga sarta teu tiasa katingal ku soca manusa. Ku kituna, nyieun atawa ngadoa ka arca, gambar, atawa lambang Allah téh salah. Allah Yéhuwa maparin paréntah ka Musa, ”Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi. Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh.” (Budalan 20:2-5) Ka dieunakeun, ku jalan nabi Yésaya, Allah nyarios, ”Allah maneh teh ngan Kami, PANGERAN. Kaagungan Kami moal dibagikeun ka saha-saha, Kami moal ngantep arca kabagi kamashuran Kami.”​—Yesaya 42:8.

Sababaraha jalma nu percaya ka Allah bisa waé boga anggapan yén Mantenna teu bisa diwanohan sarta diraketan, kudu dipikasieun tibatan dipikanyaah. Kumaha pamendak Sadérék? Naha Allah maliré ka Sadérék? Naha Sadérék tiasa wanoh ka Mantenna, ogé rumaket ka Mantenna? Mangga urang tingal naon nu dicarioskeun Kitab Suci ngeunaan sipat-sipat Allah.

a Dina Kitab Suci basa Sunda, jenengan Allah nyaéta Yéhuwa, diganti ku sebatanana. Nanging, dina naskah aslina mah jenengan Allah aya rébuan kali.

Naon Jawaban Sadérék?

  • Naon sababna urang kedah nyembah ka Allah?

  • Saha jenengan Allah?

  • Naon sababna urang henteu ngagunakeun arca atanapi lambang dina ibadah ka Allah?

  • Kumaha roh suci sarta malaikat digunakeun ku Allah pikeun ngalaksanakeun kapalay-Na?

Roh Suci Allah sarta Para Malaikat-Na

Kumaha Allah ngalaksanakeun kapalay-Na? Salah sahiji carana nyaéta ngagunakeun roh suci-Na. Roh Allah lain hiji pribadi atawa malaikat, tapi tanaga Allah nu teu katénjo, énergi nu teu aya watesna pikeun ngalaksanakeun naon waé nu jadi kapalay Allah. Allah ngagunakeun ieu tanaga pikeun nyiptakeun sawarga jeung bumi. ”PANGERAN ngajadikeun langit ku pangandika-Na, panonpoe, bulan, bentang-bentang, jadina ku dawuhana-Na.” (Jabur 33:6) Kajadian 1:2 ngajelaskeun yén waktu sagara masih ngalimpudan bumi sarta Allah nuju nyiapkeun bumi pikeun pamatuhan manusa, ”[tanaga] Allah murba saluhureun sagara”. Saterasna Allah ngagunakeun roh suci-Na pikeun nyiptakeun sagala mahluk di bumi.

Allah ogé ngagunakeun malaikat pikeun ngalaksanakeun kapalay-Na. Allah nyiptakeun maranéhna pikeun matuh di sawarga sareng Mantenna. Maranéhna nepikeun warta-warta ti Allah jeung ngalaksanakeun pancén-pancén penting séjénna. Contona, Kitab Suci nyebutkeun yén Hukum (Torét) nu dibikeun ka Musa mangrupakeun ”pesen-pesen anu ditepikeun ku para malaikat”. Malaikat-malaikat ogé ngabantu hamba-hamba Allah nu aya di bumi. Kitab Suci nyebutkeun yén para malaikat téh ”roh anu ngawula ka Allah, anu ku Mantenna diutus pikeun ngabarantu jelema-jelema anu bakal nampa kasalametan”.​—Ibrani 1:14; 2:2.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun