PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • fg pal. 3 ques. 1-4
  • Naha Enya Alkitab Bisa Dipercaya?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Enya Alkitab Bisa Dipercaya?
  • Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Bahan nu Sarupa
  • Alkitab téh Amanat ti Allah
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Kitab Suci—Buku ti Allah
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Naon Alkitab téh?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Kabar Gumbira ti Gusti!
fg pal. 3 ques. 1-4

PALAJARAN 3

Naha Enya Kabar Gumbira Ieu téh ti Gusti?

1. Alkitab téh wahyu ti saha?

Alkitab dina rupa-rupa basa jeung salinan Alkitab nu geus heubeul

Kabar gumbira ngeunaan hirup langgeng di bumi téh geus ditulis dina Kitab Suci, nyaéta Alkitab. (Jabur 37:29) Gusti ngagunakeun kira-kira 40 priya pikeun nulis 66 kitab nu aya dina Alkitab. Lima kitab nu mimiti ditulis ku Nabi Musa kira-kira 3.500 taun katukang. Ari kitab nu pangahirna ditulis ku Yohanes leuwih ti 1.900 taun katukang. Pamikiran saha nu ditulis téh? Gusti masihan wahyu ka 40 priya éta ku perantaraan para malaikat atawa liwat téténjoan. (Wahyu 1:1) Gusti ogé osok ngadiktékeun naon nu kudu ditulis. Jadi, nu ditulis ku maranéhna téh lain pamikiran sorangan, tapi wahyu ti Yéhuwa. Baca Budalan 34:27; 2 Timoteus 3:16.

Tingali vidéo Alkitab teh Wahyu ti Saha?

2. Kumaha urang bisa yakin yén Alkitab teu pernah dirobah?

Alkitab téh asalna ti Gusti, buktina Alkitab bisa ngaramalkeun mangsa kahareup sacara akurat jeung rinci. (Yosua 23:14) Teu aya manusa nu bisa ngaramalkeun mangsa kahareup sacara akurat, ngan Gusti nu Maha Kawasa nu bisa. Baca Yesaya 42:9; 46:10.

Lantaran asalna ti Gusti, Alkitab téh buku nu istiméwa. Aya leuwih ti dua miliar Alkitab nu geus disebarkeun dina leuwih ti 450 basa. Sanajan geus heubeul, eusi Alkitab téh sajalan jeung sains nu geus kabukti bener.a Salian ti éta, sanajan ditulis ku 40 jalma, teu aya eusi Alkitab nu patukang tonggong. Alkitab ogé nyaritakeun kanyaah Gusti nu luar biasa, ku kituna Alkitab bisa ngarobah kahirupan jalma-jalma jadi leuwih hadé. Hal-hal ieu ngayakinkeun jalma-jalma yén Alkitab téh kekecapan Gusti. Baca 1 Tesalonika 2:13.

Naha Alkitab téh geus dirobah? Naskah-naskah Alkitab nu umurna leuwih ti 2.000 taun ngabuktikeun yén tulisan-tulisan nu diilhamkeun ieu masih akurat nepi ka jaman urang. (Yesaya 40:8) Gusti moal ngantep kekecapana-Na dirobah-robah. Baca 1 Petrus 1:24, 25.

Tingali vidéo Ku Naon Urang Bisa Yakin Yén Eusi Kitab Suci téh Bener?

3. Naon eusi Alkitab téh?

Pamandangan Pirdaus nu mimiti, Pirdaus geus teu aya deui, Banjir Gedé dina jaman Nuh, Musa jeung 10 Paréntah, sarta Nabi Isa keur ngajar.

Salah sahiji berita utama Alkitab nyaéta kabar gumbira ngeunaan tujuan Gusti keur umat manusa. Alkitab ngajelaskeun kumaha manusa nu mimiti kaleungitan kasempetan pikeun hirup salilana di bumi pirdaus. Tapi, Alkitab ogé ngajelaskeun kumaha pirdaus bakal ngawujud deui di bumi. Baca Wahyu 21:4, 5.

Alkitab ngamuat pangajaran jeung naséhat nu bisa ngabantu urang hirup bagja. Urang ogé bisa nyaho sipat-sipat Gusti, sabab Alkitab nyaritakeun tindakan Gusti ka jalma nu bageur jeung nu jahat. Ku maca Alkitab, urang bisa kenal ka Gusti jeung nyaho carana jadi sobat-Na. Baca Jabur 19:8, 12; Yakobus 2:23; 4:8.

4. Kumaha urang bisa paham kana eusi Alkitab?

Baheula, para nabi maca Hukum ti Gusti, terus nerangkeunana ”sangkan kaharti” ku jalma-jalma. Bacaan ieu dirancang ku nyonto cara nabi-nabi éta supaya nu maca bisa paham kana eusi Alkitab. Baca Nehemia 8:8.

Kabar gumbira ti Gusti téh leuwih hadé ti batan naon waé. Tapi, sababaraha jalma teu paduli, malah aya nu ngéwa. Ulah leutik haté. Harepan Sadérék pikeun hirup langgeng gumantung kana upaya Sadérék pikeun kenal ka Gusti. Baca Yohanes 17:3.

a Pikeun katerangan leuwih loba, tingali buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? pasal 2 nu dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun