PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • fg pal. 6 ques. 1-5
  • Naon Harepan pikeun Nu Geus Maot?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Harepan pikeun Nu Geus Maot?
  • Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Bahan nu Sarupa
  • Kumaha Kaayaan Jalma nu Geus Maot?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bakal aya pihudangeunana nu maot!
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
Kabar Gumbira ti Gusti!
fg pal. 6 ques. 1-5

PALAJARAN 6

Naon Harepan pikeun Nu Geus Maot?

1. Naon kabar gumbira ngeunaan nu geus maot?

Lasarus dihirupkeun deui sarta dibagéakeun ku dulur-dulurna,  Marta jeung Maria

Basa Nabi Isa hirup di bumi, sobatna nu ngaranna Lasarus maot. Lasarus téh cicing di Bétania, désa di deukeut Yérusalém. Lasarus geus maot opat poé waktu Nabi Isa datang ka di ditu. Terus, Nabi Isa indit ka makam bareng jeung Marta sarta Maria, dulur-dulurna Lasarus. Teu lila, jalma réa ngarumpul. Pék bayangkeun sakumaha bungahna Marta sarta Maria waktu Nabi Isa ngahirupkeun deui Lasarus! Baca Yohanes 11:21-24, 38-44.

Sabenerna, Marta geus nyaho kabar gumbira ngeunaan nu maot yén maranéhna bakal dihirupkeun deui ku Yéhuwa. Baca Yesaya 26:19.

2. Naon nu kaalaman ku jalma nu geus maot?

Basa Adam diciptakeun, terus maotna Adam

Gusti ngomong ka Adam, ”Ku sabab maneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balik deui ngajadi taneuh.”​—KAJADIAN 3:19.

Manusa téh dijieun tina taneuh. (Kajadian 2:7; 3:19) Manusa téh mahluk jasmani, lain mahluk roh nu hirup dina raga saurang jalma. Jadi sanggeus maot, teu aya bagian dina diri urang nu hirup kénéh. Urang moal ngajadi arwah atawa jurig. Otak urang geus ruksak, pamikiran jeung parasaan urang gé musna. Kitab Suci ogé teu nyatet yén Lasarus nyaritakeun pangalamanana waktu maot, lantaran nu maot geus teu nyaho nanaon. Baca Pandita 9:5, 6, 10.

Naha Gusti nyiksa nu maot dina seuneu? Kitab Suci ngajarkeun yén nu maot geus teu sadar jeung teu bisa ngarasakeun kanyeri. Jadi, pangajaran ngeunaan naraka téh bohong jeung mitnah Gusti. Nyiksa jalma dina seuneu téh teu pernah kapikir-pikir acan ku Yéhuwa, malah mah dipikangéwa. Baca Yermia 7:31.

Tingali vidéo Naon nu kaalaman ku jalma nu geus maot?

3. Naha jurig téh arwah tina jalma nu geus maot?

Kitab Suci ngajarkeun yén jalma nu maot geus teu bisa ngomong jeung ngadéngé. (Jabur 115:17) Jadi lamun aya nu ngomong pernah ningali jurig, sabenerna éta téh lain arwah jalma nu geus maot. Bisa jadi, éta téh malaikat jahat. Malaikat jahat bisa ngomong jeung pura-pura jadi jalma nu geus maot. (Yudas 6) Yéhuwa ngalarang urang tatanya ka nu geus maot. Baca Pamindo 18:10, 11, ”NW”.a

4. Saha waé nu bakal dihirupkeun deui?

Lalaki nu dihirupkeun deui di Pirdaus diajar ngeunaan Gusti. Terus, manéhna ogé ngajar jalma-jalma nu dihirupkeun deui.

Jutaan jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui di bumi. Malah, nu can kenal ka Gusti jeung migawé nu goréng gé bakal dihirupkeun deui. Baca Rasul 24:15, ”NW”.b

Maranéhna boga kasempetan pikeun diajar ngeunaan Gusti jeung némbongkeun iman ka Nabi Isa ku cara taat ka anjeunna. (Wahyu 20:11-13) Engké nu migawé kahadéan bakal hirup salilana di bumi. Baca Yohanes 5:28, 29.

5. Tina dihirupkeunana nu maraot, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

Gusti geus ngutus putra-Na, Nabi Isa, pikeun maot demi urang. Ku kituna, jalma-jalma nu geus maot bisa dihirupkeun deui. Éta téh bukti yén Yéhuwa téh nyaahan jeung kacida bageurna. Waktu jalma-jalma dihirupkeun deui, Sadérék hayang panggih jeung saha? Baca Yohanes 3:16; Rum 6:23, Sunda Formal (”SF”).

Pikeun katerangan leuwih loba, tingali buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? pasal 6, 7, jeung 10.

[Catetan Handap]

a Pamindo 18:10, 11 (NW): 10 ”Di antara maranéh, ulah aya nu ngaduruk anakna pikeun dijadikeun kurban, ulah ngaramal, maké élmu gaib, néang tanda-tanda, jadi tukang sihir, 11 ngaguna-guna batur, ménta pituduh ti tukang tatanya ka arwah atawa tukang ramal, atawa tatanya ka jalma nu geus maot.”

b Rasul 24:15 (NW): ”Abdi ogé boga harepan ka Gusti Allah, saperti nu dipiboga ku jalma-jalma ieu, nyaéta nu balener jeung nu henteu bakal dihirupkeun deui.”

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun