PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • bhs bab 11 kaca 116-123
  • Naon Sababna Aya Loba Kasangsaraan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Sababna Aya Loba Kasangsaraan?
  • Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NAON SABABNA AYA LOBA KASANGSARAAN?
  • NAON SABABNA ALLAH NGANTEP KASANGSARAAN?
  • NAON SABABNA YÉHUWA NGANTEP SAKITU LILANA?
  • KUMAHA SADÉRÉK NGAGUNAKEUN KABÉBASAN MILIH?
  • Ku Naon Aya Loba Kajahatan jeung Kasangsaraan?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Naon Tujuan Allah Pikeun Manusa?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Ku Naon Aya Loba Kajahatan jeung Kasangsaraan di Dunya?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
  • Sing Apal ka Musuh Sadérék
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
bhs bab 11 kaca 116-123

PASAL SABELAS

Naon Sababna Aya Loba Kasangsaraan?

1, 2. Naon nu sering ditanyakeun ku jalma-jalma?

TSUNAMI ngancurkeun hiji désa. Di hiji garéja aya lalaki némbakan jalma-jalma nepi ka paraéh. Hiji indung maot lantaran kangker, ninggalkeun lima budakna.

2 Waktu aya musibah atawa bencana alam, loba jalma nanya, ”Ku naon dunya pinuh ku kasangsaraan jeung kateuadilan?” Naha pernah Sadérék nanyakeun hal nu sarua?

3, 4. (a) Naon nu ditanyakeun ku Habakuk? (b) Kumaha jawaban Yéhuwa?

3 Kitab Suci nyebutkeun yén jalma-jalma nu ariman ogé pernah nanyakeun hal nu sarua. Misalna, Habakuk nanya kieu ka Yéhuwa, ”Ku naon abdi dugi ka kedah ningal kaayaan nu sakitu jahatna? Naha Gusti kiat ningali kalakuan jalmi-jalmi sakitu arawonna? Di sakurilingeun abdi mung aya kareksakan sareng kakerasan, di mana-mana jalmi-jalmi garelut, parasea.”​—Habakuk 1:3.

4 Di Habakuk 2:2, 3, Allah ngajawab pananya Habakuk sarta jangji bakal ngarobah kaayaan. Kitab Suci nyebutkeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka manusa. Ceuk Kitab Suci, ”Mantenna anu ngurus aranjeun.” (1 Petrus 5:7) Lamun urang gé teu resep ningali kasangsaraan, komo deui Allah. Mantenna kacida teu resepna ningali kasangsaraan. (Yesaya 55:8, 9) Ayeuna, urang bakal ngabahas naon sababna aya loba kasangsaraan di dunya.

NAON SABABNA AYA LOBA KASANGSARAAN?

5. Naon nu diajarkeun ku loba guru agama ngeunaan kasangsaraan? Tapi, naon nu diajarkeun Kitab Suci?

5 Loba guru agama ngajarkeun yén sagala kasangsaraan téh kahoyongna Allah. Maranéhna ngajarkeun yén sagala nu kajadian dina kahirupan, kaasup musibah, geus ditetepkeun ku Allah sarta urang moal ngarti alesanana. Maranéhna ogé ngajarkeun yén nu maot, kaasup budak leutik, bakal hirup jeung Allah di sawarga. Pangajaran éta téh kaliru. Kajadian-kajadian nu goréng téh asalna lain ti Yéhuwa. Kitab Suci nyebutkeun, ”Allah Nu Maha Kawasa tara midamel kaawonan.”​—Ayub 34:12.

6. Naon sababna loba jalma nyalahkeun Allah pikeun sagala kasangsaraan di dunya?

6 Loba jalma nyalahkeun Allah pikeun sagala kasangsaraan, lantaran ceuk maranéhna mah Allah nu ngawasa ieu dunya. Tapi, urang geus diajar di Pasal 3 yén nu ngawasa ieu dunya sabenerna mah Sétan si Iblis.

7, 8. Naon sababna aya loba kasangsaraan di dunya?

7 Kitab Suci ngajelaskeun yén ”saalam dunya dibawah ku si Jahat”. (1 Yohanes 5:19) Sétan téh pangawasa dunya nu jahat jeung kejem. Manéhna geus ”nyasarkeun saalam dunya”. (Wahyu 12:9) Loba jalma niru ka manéhna. Éta téh salah sahiji hal nu ngalantarankeun dunya pinuh ku kabohongan, kateuadilan, jeung kakejeman.

8 Aya hal séjénna nu ngalantarankeun loba kasangsaraan di dunya. Sanggeus Adam jeung Hawa barontak, maranéhna ngawariskeun dosa ka turunanana. Lantaran dosa, manusa nyangsarakeun papada manusa. Maranéhna hayang leuwih punjul ti nu séjén. Maranéhna garelut, perang, jeung nganiaya batur. (Pandita 4:1; 8:9) Sakapeung, jalma-jalma jadi sangsara lantaran ”aya apesna masing-masing”. (Pandita 9:11) Jalma bisa waé cilaka atawa ngalaman naon nu goréng lantaran kabeneran aya di tempat jeung waktu nu salah.

9. Naon sababna urang bisa yakin yén Yéhuwa kagungan alesan pikeun ngantep kasangsaraan?

9 Yéhuwa teu nyababkeun kasangsaraan. Jadi, Mantenna teu bisa disalahkeun ku ayana perang, kajahatan, jeung kateuadilan. Allah ogé teu nyababkeun musibah alam saperti lini, angin topan, jeung banjir. Sadérék bisa waé mikir, ’Lamun Yéhuwa Mahakawasa, ku naon Mantenna ngantep sagala kasangsaraan?’ Allah kacida merhatikeunana ka urang, pasti Mantenna kagungan alesan pikeun ngantep kasangsaraan.​—1 Yohanes 4:8.

NAON SABABNA ALLAH NGANTEP KASANGSARAAN?

10. Kumaha cara Sétan nangtang Yéhuwa?

10 Di taman Éden, Iblis mangaruhan Adam jeung Hawa. Sétan nuduh yén Allah téh Pangawasa nu jahat. Sétan ogé mitnah yén Allah teu masihan hal-hal nu alus ka Adam jeung Hawa. Sétan mangaruhan Adam jeung Hawa sangkan percaya yén manéhna pangawasa nu leuwih hadé ti batan Yéhuwa, sarta maranéhna teu butuh Allah.​—Kajadian 3:2-5; tingali Catetan Ahir 27.

11. Pananya naon nu perlu dijawab?

11 Adam jeung Hawa teu taat sarta ngalawan ka Yéhuwa. Ceuk pamikir maranéhna, nu boga hak pikeun mutuskeun naon nu bener jeung nu salah téh maranéhna sorangan. Kumaha Yéhuwa ngabuktikeun yén maranéhna téh salah sarta ngan Mantenna nu terang naon nu panghadéna pikeun urang?

12, 13. (a) Naon sababna Yéhuwa teu langsung ngabinasakeun Adam jeung Hawa? (b) Naon sababna Yéhuwa masihan kasempetan ka Sétan jeung manusa pikeun boga pamaréntahan sorangan?

12 Yéhuwa teu langsung ngabinasakeun Adam jeung Hawa. Yéhuwa hoyong masihan kasempetan ka turunan maranéhna pikeun milih saha nu jadi pangawasa maranéhna. Yéhuwa kagungan tujuan sangkan bumi pinuh ku jalma-jalma nu sampurna. Éta tangtu bakal laksana teu sual naon nu dilakukeun ku Sétan.​—Kajadian 1:28; Yesaya 55:10, 11.

13 Sétan nangtang Yéhuwa di hareupeun jutaan malaikat. (Ayub 38:7; Wahyu 5:11) Ku kituna, Yéhuwa masihan waktu ka Sétan pikeun ngabuktikeun tuduhanana. Mantenna ogé masihan kasempetan ka manusa pikeun nyieun pamaréntahan sorangan nu dikawasaan ku Sétan. Naha pamaréntahanana bakal suksés lamun teu dibingbing ku Allah?

14. Naon nu geus kabukti ayeuna?

14 Geus rébuan taun manusa maréntah dirina sorangan, tapi hasilna gagal. Kabukti Sétan téh tukang bohong. Manusa butuh bingbingan Allah. Kaayaan ieu cocog jeung nu disebutkeun ku raja Suléman, ”Di dunya mah geuning aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.”​—Pandita 8:9.

NAON SABABNA YÉHUWA NGANTEP SAKITU LILANA?

15, 16. (a) Naon sababna Yéhuwa ngantep kasangsaraan sakitu lilana? (b) Naon sababna Yéhuwa teu mantuan ngaréngsékeun masalah-masalah nu aya dina pamaréntahan Sétan?

15 Naon sababna Yéhuwa ngantep kasangsaraan sakitu lilana? Naon sababna Mantenna teu ngeureunkeun hal-hal nu goréng? Butuh waktu pikeun ngabuktikeun pamaréntahan Sétan téh gagal. Manusa nyoba sagala bentuk pamaréntahan, tapi teu hasil. Sanajan aya kamajuan dina bidang élmu pangaweruh jeung téknologi, tapi kateuadilan, kamiskinan, kajahatan, jeung perang terus ningkat. Jadi, urang teu bisa maréntah diri sorangan. Urang butuh bingbingan Allah.

16 Yéhuwa moal mantuan ngaréngsékeun masalah-masalah nu aya dina pamaréntahan Sétan, lantaran Yéhuwa teu ngadukung pamaréntahan manéhna. Yéhuwa gé moal ngadukung kabohongan Sétan yén manusa bisa maréntah dirina sorangan, lantaran Yéhuwa mah teu pernah ngabohong.​—Ibrani 6:18.

17, 18. Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa pikeun ngoméan sagala karuksakan nu dilantarankeun ku Sétan?

17 Naha Yéhuwa bisa ngoméan sagala karuksakan nu dilantarankeun ku Sétan jeung manusa? Pasti bisa. Teu aya nu mustahil pikeun Yéhuwa. Dina waktuna, sakabéh tangtangan Sétan bakal kajawab. Yéhuwa bakal ngarobah bumi jadi pirdaus. Sakabéh nu aya di ’jero kubur’ bakal dihirupkeun deui. (Yohanes 5:28, 29) Manusa moal gering jeung maot deui. Yésus bakal ngoméan sagala karuksakan nu dilantarankeun ku Sétan. Yéhuwa ngagunakeun Yésus ”pikeun numpes gagawean Iblis”. (1 Yohanes 3:8) Urang tangtu nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa. Kasabarana-Na ngalantarankeun urang bisa kenal ka Mantenna sarta bisa milih Mantenna jadi Pangawasa urang. (Baca 2 Petrus 3:9, 10.) Malahan mah waktu urang ngalaman kasangsaraan, Yéhuwa nguatkeun urang.​—Yohanes 4:23; baca 1 Korinta 10:13.

18 Yéhuwa teu maksa urang pikeun milih Mantenna jadi Pangawasa urang. Urang dibéré kabébasan milih ku Yéhuwa. Hayu urang bahas kurnia éta.

KUMAHA SADÉRÉK NGAGUNAKEUN KABÉBASAN MILIH?

19. Naon kurnia ti Yéhuwa pikeun urang? Naon sababna urang perlu nganuhunkeun kana éta kurnia?

19 Kurnia kabébasan milih ti Yéhuwa ngabédakeun urang jeung sasatoan. Sasatoan palinter téh lantaran dibéré naluri, tapi urang dibéré kabébasan rék kumaha ngagunakeun kahirupan. (Siloka 30:24) Urang ogé bisa nyieun putusan sorangan pikeun nyenangkeun Yéhuwa atawa henteu. Urang teu siga mesin nu pagawéanana geus ditangtukeun. Urang bébas milih hayang jadi jalma nu kumaha, saha nu jadi babaturan urang, jeung kumaha ngagunakeun kahirupan urang. Yéhuwa hoyong urang senang hirupna.

20, 21. Ayeuna, Sadérék bisa nyieun putusan naon?

20 Yéhuwa miharep urang mikaasih Mantenna. (Mateus 22:37, 38) Mantenna saperti bapa nu bungah waktu budakna ngomong ”Abdi nyaah ka Apa” lantaran lain dipaksa ku bapana, tapi kaluar tina haténa. Yéhuwa gé masihan kabébasan ka urang rék nyembah ka Mantenna atawa henteu. Sétan, Adam, jeung Hawa teu daék nyembah ka Yéhuwa. Kumaha carana Sadérék ngagunakeun kabébasan milih Sadérék?

21 Gunakeun kabébasan milih Sadérék pikeun nyembah ka Yéhuwa. Jutaan jalma mutuskeun rék nyenangkeun Yéhuwa sarta nolak Sétan. (Siloka 27:11) Sadérék kudu kumaha sangkan bisa hirup di dunya anyar nu bébas tina kasangsaraan? Urang bisa nyaho jawabanana dina pasal saterusna.

KASIMPULAN

BEBENERAN 1: YÉHUWA TEU NYABABKEUN KASANGSARAAN

”Allah Nu Maha Kawasa tara midamel kaawonan.”​—Ayub 34:12

Naon sababna aya loba kasangsaraan di dunya?

  • 1 Yohanes 5:19

    Pangawasa dunya téh Sétan si Iblis.

  • Pandita 8:9

    Manusa nyangsarakeun papada manusa.

  • Pandita 9:11

    Sakapeung, jalma-jalma jadi sangsara lantaran kabeneran aya di tempat jeung waktu nu salah.

  • 1 Petrus 5:7

    Yéhuwa nyaah pisan ka jalma-jalma. Allah kacida teu resepna ningali manusa sangsara.

BEBENERAN 2: SÉTAN NANGTANG HAK YÉHUWA PIKEUN MARÉNTAH

”Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen . . . aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.”​—Kajadian 3:5

Ku naon Yéhuwa teu ngabaékeun tangtangan Sétan?

  • Kajadian 3:2-5

    Sétan nuduh yén Allah téh Pangawasa nu jahat. Sétan mangaruhan manusa sangkan percaya yén maranéhna boga hak pikeun mutuskeun sorangan nu bener jeung nu salah.

  • Ayub 38:7

    Sétan nangtang Yéhuwa di hareupeun jutaan malaikat.

BEBENERAN 3: TANGTANGAN SÉTAN GAGAL

”Di dunya mah geuning aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.”​—Pandita 8:9

Naon sababna manusa sangsara sakitu lilana?

  • Yesaya 55:9

    Manusa boga rupa-rupa pamaréntahan, tapi maranéhna teu bisa suksés lamun teu dibingbing ku Allah.

  • 2 Petrus 3:9, 10

    Yéhuwa téh sabar, sarta masihan kasempetan ka urang sangkan bisa kenal ka Mantenna sarta milih Mantenna jadi Pangawasa urang.

  • 1 Yohanes 3:8

    Yéhuwa bakal ngagunakeun Yésus pikeun ngoméan sagala karuksakan nu dilantarankeun ku Sétan.

BEBENERAN 4: SADÉRÉK BISA MILIH NYEMBAH KA YÉHUWA

”Sing bijaksana anaking, . . . sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.”​—Siloka 27:11

Naon sababna Yéhuwa teu maksa urang pikeun nyembah Mantenna?

  • Siloka 30:24

    Sasatoan boga naluri, tapi Yéhuwa masihan urang kabébasan milih. Urang bisa mutuskeun rék nyembah ka Mantenna atawa henteu.

  • Mateus 22:37, 38

    Yéhuwa miharep urang nyembah ka Mantenna lantaran urang mikaasih Mantenna.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun