PANANYA 9
Naha Abdi Perlu Percaya kana Évolusi?
ANJEUN RÉK KUMAHA?
Pék bayangkeun: Asép keur bingung. Ti baheula manéhna geus percaya ka Allah jeung percaya sagalana téh aya nu nyiptakeun. Tapi, poé ieu guru biologina ngajarkeun yén évolusi téh bener, geus aya bukti ilmiahna. Asép embung katingali bodo. Manéhna mikir, ’Lamun para ilmuwan geus ngabuktikeun yén évolusi téh bener, nyanyahoanan pisan urang lamun teu percaya ka maranéhna?’
Lamun anjeun jadi Asép, naha anjeun bakal percaya kana évolusi lantaran éta aya dina buku palajaran?
PIKIRKEUN HEULA!
Jalma-jalma nu keur debat biasana langsung ngungkabkeun naon nu dipercaya ku maranéhna bari teu dipikir heula ku naon maranéhna percaya hal éta.
Sababaraha jalma percaya yén sagalana aya nu nyiptakeun lantaran éta nu diajarkeun ku agama maranéhna.
Sababaraha jalma percaya kana évolusi lantaran éta nu diajarkeun di sakola.
GENEP PANANYA NU KUDU DIPIKIRKEUN
Ceuk Kitab Suci: ”Imah tangtu aya anu nyieunna, ari saniskara sajagat raya dipidamelna ku Allah.” (Ibrani 3:4) Naha ieu téh asup akal?
Percaya yén kahirupan téh teu aya Nu Nyiptakeun sarua teu asup akalna jeung percaya yén imah téh teu aya nu ngawangunna
CENAH: Jagat raya dimimitian ku hiji bitu nu kacida gedéna.
1. Saha atawa naon nu ngalantarankeun éta bitu?
2. Mana nu leuwih asup akal, sagalana ujug-ujug aya atawa aya nu nyiptakeun?
CENAH: Manusa téh asalna tina sato.
3. Lamun mémang manusa téh asalna tina sato, misalna monyét, ku naon kapinteran manusa béda pisan jeung monyét?
4. Ku naon mahluk hirup nu paling ”saderhana” ogé bisa sakitu ruwedna?
CENAH: Évolusi téh geus aya buktina.
5. Naha jalma nu percaya kana évolusi téh geus nalungtik bukti-buktina?
6. Aya sabaraha urang nu percaya kana évolusi lantaran pipilueun jalma nu pinter?
”Lamun anjeun ulin ka leuweung terus manggihan hiji imah nu alus, naha anjeun bakal mikir, ’Alus pisan imah téh! Pasti tatangkalan nu rubuh téh ujug-ujug jadi imah ieu.’ Tangtu moal mikir kitu! Éta téh teu asup akal. Jadi, ku naon urang kudu percaya yén jagat raya téh ujug-ujug jadi sorangan?”—Julia.
”Pék bayangkeun lamun aya nu ngomong ka anjeun yén aya hiji percitakan nu ngabeledug, tintana malaluncrat kana témbok jeung lalangitna, terus jadi hiji kamus lengkep. Naha anjeun bakal percaya?”—Gwen.
KU NAON ABDI PERCAYA KA ALLAH?
Kitab Suci nganjurkeun anjeun pikeun ngagunakeun ”akal budi”. (Siloka 3:21) Éta hartina percaya yén Allah téh aya lain ku lantaran
RARASAAN (Rarasaan abdi mah pasti aya kawasa nu leuwih luhur)
KAPANGARUHAN KU BATUR (Di sakurilingeun abdi sadayana boga agama)
KAPAKSA (Kolot abdi percaya ka Allah, jadi abdi ogé kudu kitu)
Sabalikna, anjeun kudu paham alesanana anjeun percaya yén Allah téh aya.
”Waktu guru abdi nerangkeun cara digawéna awak urang, abdi langsung percaya yén Allah téh aya. Unggal babagian awak boga tugasna masing-masing. Malahan mah, sanajan teu karasa ku urang, bagian nu pangleutikna ogé boga tugas penting. Hébat pisan awak manusa téh!”—Teresa.
”Waktu abdi ningali gedong nu luhur, kapal pesiar, atawa mobil, abdi sok nanya ka diri sorangan, ’Saha nu nyieunna?’ Misalna mobil, nu nyieunna pasti jalma nu pinter lantaran loba komponén leutik nu dibutuhkeun supaya mobil bisa jalan. Lamun mobil wé aya nu nyieunna, komo deui manusa.”—Richard.
”Beuki loba diajar élmu alam, beuki teu asup akal évolusi téh. . . . Keur abdi mah, butuh ’iman’ nu gedé pikeun percaya kana évolusi ti batan percaya ka Nu Nyipta.”—Anthony.
PIKIRKEUN
Sanajan geus puluhan taun naliti, para ilmuwan can sapakat kénéh ngeunaan évolusi. Lamun para ilmuwan wé teu sapakat, padahal maranéhna téh ahlina, naha salah lamun anjeun teu percaya kana évolusi?