KAWIH 61
Maju, Saksi-Saksi!
1. Di jaman ahir tékad urang pengkuh,
Wani béla Injil, teu éléh ku musuh.
Sanajan Sétan ngahalangan,
Huwa siap masihan kakuatan.
(REFREIN)
Maju, hé, Saksi-Saksi, sing gedé haté!
Sing suka bungah, nyebarkeun warta hadé!
Terus uarkeun Pirdaus rék ngawujud;
Berkahna nu limpah matak tajub.
2. Hamba Allah teu ngudag kasenangan,
Moal nyenangkeun dunya bogana Sétan.
Jaga sangkan taya cawadeun,
Kasatiaan urang pertahankeun.
(REFREIN)
Maju, hé, Saksi-Saksi, sing gedé haté!
Sing suka bungah, nyebarkeun warta hadé!
Terus uarkeun Pirdaus rék ngawujud;
Berkahna nu limpah matak tajub.
3. Karajaan Huwa teu dipercaya;
Nami Yéhuwa dipitnah tur dihina.
Hayu jungjung nami suci-Na
Tur mashurkeun ka unggal sélér bangsa.
(REFREIN)
Maju, hé, Saksi-Saksi, sing gedé haté!
Sing suka bungah, nyebarkeun warta hadé!
Terus uarkeun Pirdaus rék ngawujud;
Berkahna nu limpah matak tajub.
(Tingali ogé Bud. 9:16; Pil. 1:7; 2 Tim. 2:3, 4; Yak. 1:27.)