KAWIH 74
Milu Ngawihkeun Kawih Karajaan
1. Kawih ieu kawih anu gumbira,
Ngamashurkeun Yéhuwa tos meunang,
Ngajurung urang sangkan t’rus satia.
Hayu kabéh ngawih babarengan:
(REFREIN)
Pék nyarembah, payuneun Yah;
T’rus émbarkeun, Yésus Raja!
Hayu urang diajar ieu kawih,
Ngaluhurkeun nami Yah nu suci.
2. Pék ngarawih, uarkeun Karajaan,
Kristus Yésus geus jadi rajana.
Bangsa suci nu ngawaris K’rajaan
Ngabagéakeun Yésus ngawasa:
(REFREIN)
Pék nyarembah, payuneun Yah;
T’rus émbarkeun, Yésus Raja!
Hayu urang diajar ieu kawih,
Ngaluhurkeun nami Yah nu suci.
3. Kawih Karajaan mawa harepan,
Katengtreman tur kagumbiraan.
Loba nu geus bisa ngawihkeunana,
Ayeuna ngajak jalma lianna:
(REFREIN)
Pék nyarembah, payuneun Yah;
T’rus émbarkeun, Yésus Raja!
Hayu urang diajar ieu kawih,
Ngaluhurkeun nami Yah nu suci.
(Tingali ogé Jab. 95:6; 1 Pet. 2:9, 10; Wahyu 12:10.)