KAWIH 82
’Caang Maranéh Kudu Mencar’
Édisi nu Dicitak
1. Yésus hayang urang
Mencarkeun caang,
Teu ngabéda-béda
Ka kabéh jalma.
Warta Kitab Suci
Urang uarkeun.
Katengtreman sajati
Urang bagikeun.
2. Warta Karajaan
Urang wawarkeun
Supaya nyaangan
Nu ngadéngékeun.
Caang bebeneran
Ngabingbing urang
Mantuan jalma-jalma
Mihak ka Huwa.
3. Kahadéan urang
Ibarat caang;
Kecap nu merenah
Lir mutiara.
Mugi lampah urang
Nyaangan dunya
Tur katingali éndah
Payuneun Allah.
(Tingali ogé Jab. 119:130; Mat. 5:14, 15, 45; Kol. 4:6.)