KAWIH 108
Satia Asih Allah
1. Satia asih Yah
Pikeun sadaya manusa.
Huwa ngorbankeun Putra-Na,
Nebus jalma anu dosa,
Masihan urang harepan
Hirup bagja salawasna.
(REFREIN)
Hé sakur nu halabhab,
Inum cikahirupan.
Pék rasakeun limpahna
Satia asih Yah.
2. Satia asih Yah,
Ti padamelan-Na nyata.
Ku asih-Na ka manusa,
Yésus dijadikeun Raja.
Pangersa-Na kalaksana;
Ngadeg Karajaana-Na.
(REFREIN)
Hé sakur nu halabhab,
Inum cikahirupan.
Pék rasakeun limpahna
Satia asih Yah.
3. Satia asih Yah
Ngajurung urang ngawarta,
Mantuan nu lembut haté
Ngaregepkeun warta hadé.
Urang ngawula satia,
Teu sieun wartakeun Firman.
(REFREIN)
Hé sakur nu halabhab,
Inum cikahirupan.
Pék rasakeun limpahna
Satia asih Yah.
(Tingali ogé Jab. 33:5; 57:11; Epe. 1:7.)