PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lff bab 6
  • Kumaha Asal-usul Kahirupan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Asal-usul Kahirupan?
  • Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • HAYU NGULIK
  • INTI BAB
  • TINGALI OGÉ
  • Jang Naon Allah Nyiptakeun Urang?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bantu Budak Sadérék Miboga Iman nu Pengkuh ka Nu Nyipta
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Iraha Jagat Raya Diciptakeun ku Gusti?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
lff bab 6
Bab 6. Tutuwuhan nu tumuwuh dina taneuh jeung kasebrot ku cahaya panonpoé.

BAB 06

Kumaha Asal-usul Kahirupan?

Édisi nu Dicitak
Édisi nu Dicitak
Édisi nu Dicitak

Loba jalma teu percaya kahirupan téh diciptakeun ku Allah. Maranéhna mikir yén kahirupan téh ujug-ujug aya. Tapi ceuk Alkitab, Allah téh ’sumber hirup sadaya mahluk’. (Jabur 36:10) Mun ceuk anjeun kumaha? Nah, lamun bener kahirupan téh diciptakeun ku Allah, pasti Allah boga tujuan, pan?a Kumaha mun urang tingali catetan dina Alkitab ngeunaan asal-usul kahirupan? Geus kitu, urang perhatikeun catetanana téh asup akal atawa henteu.

1. Saha nu nyiptakeun jagat raya?

Ceuk Alkitab, mimitina ”Allah nyiptakeun jagat raya”. (Kajadian 1:1) Loba ilmuwan satuju yén jagat raya téh aya awalna. Kumaha carana Allah nyiptakeun jagat raya ieu? Allah ngagunakeun tanaga-Na, atawa kawasa suci-Na, pikeun nyiptakeun sagala hal nu aya di jagat raya, kaasup galaksi, béntang, jeung planét.​—Kajadian 1:2.

2. Jang naon bumi diciptakeun?

Allah Yéhuwa nyiptakeun bumi téh lainna tanpa tujuan, tapi ”supaya dicicingan ku manusa”. (Yesaya 45:18) Bumi diciptakeun sakitu alusna supaya manusa betah cicing di bumi salilana. (Baca Yesaya 40:28 jeung 42:5.) Para ilmuwan ngomong yén bumi téh istiméwa pisan, béda ti planét-planét séjénna. Ngan bumi hiji-hijina planét nu bisa nunjang kahirupan manusa.

3. Ku naon manusa téh ciptaan nu istiméwa?

Sanggeus nyiptakeun bumi, Allah nyiptakeun mahluk hirup. Mimitina mah, nu diciptakeun téh tatangkalan jeung sasatoan. Sanggeus kitu, ’Allah ngadamel manusa nyeples’, atawa mirip, jeung Anjeunna. (Baca Kajadian 1:27.) Ku naon manusa téh ciptaan nu istiméwa? Lantaran mirip jeung Allah, manusa téh bisa nuturkeun sipat-sipat Allah, misalna nyaah jeung adil. Manusa gé dibéré kamampuh pikeun diajar rupa-rupa basa. Terus, manusa bisa ngarasa tajub kana hal-hal nu éndah sarta resep ngadéngékeun musik. Salian ti éta, manusa bisa ibadah ka Nu Nyipta, ari sato mah teu bisa.

HAYU NGULIK

Tingali buktina yén kabéh mahluk hirup téh diciptakeun, teu ujug-ujug aya. Éta nunjukkeun yén catetan dina Alkitab téh bisa dipercaya. Urang gé bisa apal Allah téh jiga kumaha lamun urang ningali sipat-sipat hadé manusa.

4. Kabéh mahluk hirup téh diciptakeun

Manusa osok dipuji ku lantaran hasil karyana, padahal mah éta téh niru rancangan ti alam. Jadi, ari keur rancangan aslina nu aya di alam, saha anu sakuduna dipuji? Setél VIDÉO, terus bahas:

VIDÉO: Bukti Ayana Allah (2:43)

  • Rancangan naon waé nu ditiru ku manusa?

Unggal imah pasti aya nu ngarancang jeung nu ngabangunna. Ari bumi jeung sagala mahluk hirup, saha nu ngarancang jeung nyiptakeunana? Baca Ibrani 3:4, terus bahas:

  • Di antara ciptaan Allah nu aya di alam, mana nu dipikaresep ku anjeun?

  • Ceuk anjeun, asup akal teu mun jagat raya jeung kabéh mahluk hirup téh diciptakeun? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Anjeun apal teu?

Dina jw.org, anjeun bisa ningali artikel jeung vidéo ngeunaan topik ieu. Éta aya dina bagian ”Naha Ieu Dirancang?” jeung ”Asal-usul Kahirupan Ceuk Para Ahli”.

”Unggal imah tangtu aya anu ngabangunna, ari sagala hal mah dibangunna ku Allah.”

Saurang lalaki nu ngabangun imah dina daérah nu hawana panas keur mageuhkeun hateupna nu dijieun tina awi.

5. Nu ditulis dina Alkitab téh asup akal

Dina Kajadian pasal 1, Alkitab ngajelaskeun kumaha bumi jeung sagala eusina diciptakeun. Na nu ditulis dina kitab Kajadian téh bisa dipercaya? Setél VIDÉO, terus bahas:

VIDÉO: Na Jagat Raya téh Diciptakeun?​—Cuplikan (3:51)

Gambar: Gambar-gambar tina vidéo ’Na Jagat Raya téh Diciptakeun?​—Cuplikan’. 1. Genep poé nu ditingali ku manusa di bumi waktu Allah nyiptakeun jagat raya. 2. Sanggeus poé nu kagenep, di bumi téh aya panonpoé, taneuh nu garing, cai, tatangkalan, rupa-rupa manuk, rupa-rupa sato, jeung manusa.
  • Na Alkitab ngajelaskeun yén bumi jeung sagala eusina téh diciptakeun salila genep poé, nu sapoéna 24 jam?

  • Ceuk anjeun, nu ditulis dina Alkitab ngeunaan asal-usul kahirupan téh asup akal teu? Ku naon?

Baca Kajadian 1:1, terus bahas:

  • Ceuk para ahli, jagat raya téh teu ujug-ujug aya, tapi aya awalna. Éta sajalan teu jeung ayat anu bieu dibaca?

Aya nu nganggap Allah téh nyiptakeun hiji mahluk hirup, nu engkéna évolusi, atawa barobah, jadi rupa-rupa mahluk hirup séjén. Baca Kajadian 1:21, 25, 27, terus bahas:

  • Na Alkitab mémang ngajarkeun yén Allah nyiptakeun hiji mahluk hirup, nu engkéna barobah jadi lauk, mamalia, jeung manusa? Atawa, na ti mimiti Allah mémang geus nyiptakeun rupa-rupa mahluk hirup?

6. Manusa téh ciptaan Allah nu istiméwa

Manusa jeung sato téh diciptakeun ku Yéhuwa, tapi manusa béda pisan ti sato. Baca Kajadian 1:26, terus bahas:

  • Pan manusa téh diciptakeunana mirip jeung Allah, jadi lamun manusa boga kanyaah, hartina Allah jiga kumaha?

AYA NU NGOMONG: ”Catetan dina Alkitab anu ngajelaskeun kumaha asal-usul manusa téh teu bener.”

  • Ari ceuk anjeun kumaha? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

INTI BAB

Yéhuwa téh nyiptakeun jagat raya jeung kabéh mahluk hirup.

Nu geus dibahas

  • Naon nu dicaritakeun dina Alkitab ngeunaan asal-usul jagat raya?

  • Na Allah nyiptakeun mahluk hirup, nu engkéna évolusi, atawa barobah, jadi mahluk hirup séjén? Atawa, na ti mimiti Anjeunna mémang geus nyiptakeun sagala rupa mahluk hirup?

  • Ku naon manusa téh ciptaan nu istiméwa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Ciptaan téh ngabuktikeun ayana Nu Nyipta.

”Urang Bisa Diajar Naon tina Alam?” (Éling! Séptémber 2006)

Saurang bapa nyaritakeun ka budak lalakina yén bumi jeung sagala eusina téh diciptakeun.

”Yéhuwa nu Nyiptakeun Sagalana” (2:37)

Na évolusi sajalan jeung pangajaran Alkitab?

”Na Allah Nyiptakeun Rupa-Rupa Mahluk Hirup ku Évolusi?” (Artikel dina jw.org)

Na kahirupan téh ujug-ujug aya, atawa aya Nu Nyipta?

Lima Pananya Ngeunaan Asal-usul Kahirupan nu Bisa Urang Pikirkeun (brosur)

a Tujuan Allah nyiptakeun manusa bakal dibahas dina Bab 25.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun