BAB 36
Kudu Jujur dina Sagala Hal
Urang kabéh hayang boga sobat nu jujur. Yéhuwa ogé hayang sobat-Na jujur. Tapi kadang rék jujur téh teu gampang, sabab di dunya ieu loba nu teu jujur. Naon waé mangpaatna lamun urang jujur dina sagala hal?
1. Naon alesan utama urang kudu jujur?
Mun urang jujur ka batur, éta hartina urang nyaah jeung hormat ka Yéhuwa. Sing inget, Yéhuwa apal sagala nu dipikirkeun jeung dilakukeun ku urang. (Ibrani 4:13) Mun Anjeunna ningali urang jujur, Anjeunna bakal senang. Ceuk Alkitab, ”Yéhuwa geuleuh ka jalma nu licik, tapi nyobat pisan ka jalma nu bener.”—Siloka 3:32, NW.
2. Ku cara naon waé urang bisa jujur dina kahirupan sapopoé?
Yéhuwa hayang urang ’ngomongkeun hal anu saestuna’. (Jakaria 8:16, 17) Naon maksudna? Waktu ngomong jeung kulawarga, batur gawé, dulur saiman, atawa patugas pamaréntah, urang teu meunang ngabohong atawa méré katerangan nu teu sapinuhna bener. Urang gé teu meunang maok atawa nipu batur. (Baca Siloka 24:28 jeung Éfésus 4:28.) Terus, urang kudu jujur waktu mayar pajeg. (Roma 13:5-7) Jadi, urang kudu ”jujur dina sagala hal”.—Ibrani 13:18.
3. Naon mangpaatna lamun urang jujur?
Lamun urang dikenal sabagé jalma nu jujur, batur téh bakal percaya ka urang. Terus sadérék-sadérék di sidang bakal ngarasa aman, jiga di kulawarga sorangan. Haté sanubari urang gé bakal bersih. Kajujuran urang téh bisa ”ngahias pangajaran Allah, Jurusalamet urang” sarta ngageuing jalma-jalma pikeun ngalayanan Yéhuwa ogé.—Titus 2:10.
HAYU NGULIK
Lamun urang jujur, kumaha parasaan Yéhuwa sarta naon mangpaatna keur diri urang sorangan? Terus, kumaha urang bisa jujur dina sagala hal?
4. Yéhuwa senang lamun urang jujur
Baca Jabur 44:21 (NW) jeung Malaki 3:16, terus bahas:
Ku naon urang ulah mikir bisa nyumputkeun hiji hal ti Yéhuwa?
Ceuk anjeun, kumaha parasaan Yéhuwa lamun urang jujur sanajan teu gampang?
Mun budak jujur, nu jadi kolot téh senang. Mun urang jujur, Yéhuwa gé bakal senang
5. Sing terus jujur
Loba jalma mikir, lamun terus jujur mah maranéhna bakal rugi. Tapi, ku naon urang kudu terus jujur? Setél VIDÉO.
Baca Ibrani 13:18, terus bahas kumaha urang bisa jujur . . .
ka kulawarga urang.
di tempat gawé atawa di sakola.
dina kaayaan séjén.
6. Jujur téh aya mangpaatna
Kadang, mun urang jujur meureun urang jadi keuna masalah. Tapi, lila-lila urang pasti ngarasakeun mangpaatna. Baca Jabur 34:12-16 (NW), terus bahas:
Naon mangpaatna lamun anjeun jujur?
Salaki jeung pamajikan nu jujur bakal boga perkawinan nu kuat
Pagawé nu jujur bakal dipercaya ku bosna
Warga nu jujur bakal dipercaya ku patugas pamaréntah
AYA NU NGOMONG: ”Ngabohong saeutik mah teu nanaon.”
Ku naon anjeun yakin yén Yéhuwa geuleuh kana sagala kabohongan?
INTI BAB
Yéhuwa téh hayang sobat-sobat-Na jujur dina sagala ucapan jeung laku lampah.
Nu geus dibahas
Ku cara naon waé urang bisa jujur dina kahirupan sapopoé?
Ku naon urang ulah mikir bisa nyumputkeun hiji hal ti Yéhuwa?
Na anjeun hayang jujur dina sagala hal? Ku naon?
TINGALI OGÉ
Kumaha kolot bisa ngajarkeun budakna supaya jujur?
Naon mangpaatna lamun urang teu jalir jangji?
Na urang kudu tetep mayar pajeg lamun nyaho duitna bakal disalahgunakeun?
”Na Urang téh Kudu Mayar Pajeg?” (Warta Hadé 1 Séptémber 2011)
Ku naon saurang lalaki nu teu jujur bisa jadi jalma jujur?
”Abdi Ningali, Yéhuwa téh Bageur jeung Hampuraan” (Warta Hadé 1 Méi 2015)