BAB 49
Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?—Bagian 1
Pangantén anyar pasti hayang perkawinanana bagja salilana. Perkawinan nu bagja téh lain hal anu mustahil. Loba urang Kristen geus ngarasakeun sorangan hal ieu. Najan geus lila babarengan jeung batur hirupna, maranéhna tetep bagja sabab terus upaya pikeun ngajalankeun naséhat Alkitab.
1. Alkitab méré naséhat naon ka salaki?
Yéhuwa méré tanggung jawab ka para salaki pikeun jadi kapala kulawarga. (Baca Éfésus 5:23.) Yéhuwa hayang maranéhna nyieun putusan anu aya mangpaatna keur kulawarga. Alkitab méré naséhat kieu ka para salaki, ”Terus pikanyaah pamajikan aranjeun.” (Éfésus 5:25) Naon maksudna? Salaki anu nyaah ka pamajikanana téh bakal bageur ka pamajikanana, boh di imah boh di hareupeun batur. Manéhna gé bakal ngalindungan pamajikanana, nyadiakeun naon anu dibutuhkeun ku pamajikanana, sarta hayang pamajikanana bagja. (1 Timotius 5:8) Nu pangpentingna, manéhna bakal mantuan pamajikanana supaya bisa jadi sobat Yéhuwa. (Matius 4:4) Salah sahiji carana, manéhna bisa ngadoa sarta maca Alkitab bareng jeung pamajikanana. Lamun salaki nunjukkeun kanyaah jiga kitu, manéhna bisa terus jadi sobat Yéhuwa.—Baca 1 Pétrus 3:7.
2. Alkitab méré naséhat naon ka pamajikan?
Ceuk Alkitab, ”Pamajikan kudu bener-bener ngahormat salakina.” (Éfésus 5:33) Kumaha cara nunjukkeunana? Pamajikan bisa mikirkeun sipat-sipat alus sarta upaya ti salakina pikeun ngurus kulawarga. Pamajikan gé bisa nunjukkeun rasa hormatna ku cara ngadukung putusan salakina. Salian ti éta, pamajikan bisa ngomong ku cara nu lemah lembut sarta teu ngagogoréng salakina, sanajan salakina téh lain umat Yéhuwa.
3. Kumaha salaki jeung pamajikan bisa nguatkeun perkawinan?
Ceuk Alkitab, lalaki jeung awéwé anu geus kawin téh ”jadi satunggal”. (Matius 19:5) Hartina, maranéhna kudu ngajaga supaya hubungan maranéhna tetep deukeut. Carana, maranéhna kudu sering babarengan sarta kudu jujur waktu ngutarakeun pamikiran jeung parasaanana ka batur hirup. Teu meunang aya nu leuwih penting tibatan batur hirupna, salian ti Allah Yéhuwa. Maranéhna gé kudu ati-ati, ulah nepi ka boga hubungan anu teu pantes jeung jalma nu lain batur hirupna.
HAYU NGULIK
Tingali prinsip-prinsip Alkitab nu bisa ngabantu anjeun nguatkeun perkawinan anjeun.
4. Salaki kudu nyaah jeung ngurus pamajikan
Ceuk Alkitab, ”Salaki kudu nyaah ka pamajikanana sakumaha ka awakna sorangan.” (Éfésus 5:28, 29) Naon hartina? Setél VIDÉO, terus bahas:
Ku cara naon waé salaki bisa nunjukkeun yén manéhna nyaah jeung perhatian ka pamajikanana?
Baca Kolose 3:12, terus bahas:
Kumaha salaki bisa némbongkeun sipat-sipat ieu dina perkawinan?
5. Pamajikan kudu nyaah jeung hormat ka salaki
Alkitab méré naséhat ka pamajikan pikeun hormat ka salaki, teu sual salakina umat Yéhuwa atawa lain. Baca 1 Pétrus 3:1, 2, terus bahas:
Lamun salaki anjeun lain umat Yéhuwa, pasti anjeun hayang manéhna jadi umat Yéhuwa ogé. Ceuk anjeun, mana cara nu panghadéna pikeun mantuan manéhna? Teterusan méré kasaksian ka manéhna atawa nunjukkeun sikep hormat ka manéhna? Ku naon anjeun ngajawab kitu?
Salaki pamajikan bisa badami waktu rék nyieun putusan. Kadang, pamajikan boga pamikiran anu béda. Mun kitu, pamajikan kudu ngutarakeun pamikiranana ku cara nu lemah lembut jeung sopan. Tapi manéhna gé kudu inget, nu dibéré tanggung jawab ku Yéhuwa pikeun nyieun putusan keur kulawarga téh nyaéta salaki. Jadi, manéhna kudu sabisa-bisa ngadukung putusan salakina. Ku kituna, engké kaayaan di imah téh bakal jadi tengtrem. Baca 1 Pétrus 3:3-5, terus bahas:
Kumaha parasaan Yéhuwa ningali pamajikan hormat ka salakina?
6. Anjeun bisa ngaréngsékeun masalah dina perkawinan
Teu aya perkawinan anu sampurna. Jadi, salaki pamajikan kudu upaya babarengan pikeun ngaréngsékeun masalah-masalah nu aya dina perkawinan. Setél VIDÉO, terus bahas:
Naon nu nunjukkeun salaki pamajikan dina vidéo ieu geus teu akrab deui?
Naon anu dilakukeun ku maranéhna pikeun nguatkeun perkawinanana?
Baca 1 Korintus 10:24 jeung Kolose 3:13. Sanggeus maca unggal ayatna, bahas:
Kumaha ayat ieu bisa ngabantu salaki pamajikan pikeun nguatkeun perkawinan?
Ceuk Alkitab, urang kudu silih hormat. Lamun urang ngahormat batur, urang bakal bageur jeung ngahargaan manéhna. Baca Roma 12:10, terus bahas:
Aya nu mikir, ’Mun batur hirup hormat ka abdi, kakara abdi bakal ngahormat manéhna.’ Na anjeun satuju? Ku naon?
AYA NU NGOMONG: ”Hubungan abdi jeung batur hirup geus teu deukeut deui jiga baheula.”
Anjeun rék ngomong naon pikeun ngajelaskeun yén Alkitab bisa ngabantu manéhna?
INTI BAB
Salaki pamajikan bakal bagja lamun maranéhna silih pikanyaah, silih hormat, jeung ngajalankeun prinsip-prinsip Alkitab.
Nu geus dibahas
Naon nu bisa diupayakeun ku salaki supaya perkawinanana bagja?
Naon nu bisa diupayakeun ku pamajikan supaya perkawinanana bagja?
Lamun anjeun geus kawin, prinsip Alkitab mana nu bisa ngabantu anjeun nguatkeun perkawinan anjeun?
TINGALI OGÉ
Baca saran-saran nu bisa ngabantu kulawarga anjeun bagja.
Tongton vidéo nu nunjukkeun mangpaatna nuturkeun naséhat Allah dina perkawinan.
Naon maksudna tunduk ka salaki sabagé kapala kulawarga?
”Ku Naon Wanita Kudu Tunduk ka Nu Jadi Kapala?” (Warta Hadé 15 Méi 2010)
Tingali kumaha salaki pamajikan bisa ngaréngsékeun masalah perkawinan, kaasup ngeunaan pepegatan.