Sadiakeun waktu pikeun diajar jeung ngalenyepan Alkitab
Conto Kecap Panganteur
ALKITAB TÉH NAON?
Pananya: Naha Alkitab téh ti Allah? Atawa éta téh buku nu eusina pamikiran manusa?
Ayat: 2Tim 3:16
Nawarkeunana: Di bacaan ieu, aya tilu alesan nu ngajelaskeun lamun Alkitab téh bener-bener ti Allah.
NGAJARKEUN BEBENERAN
Pananya: Kumaha sakuduna pandangan urang kana kurnia kahirupan?
Ayat: Wahyu 4:11
Bebeneran: Kahirupan téh kurnia ti Allah. Jadi, urang kedah ngahargaan kurnia éta ku cara ngajaga kasalametan nyalira sareng moal nyilakakeun batur. Kahirupan téh luhur nilaina.
NAON KONCINA KABAGJAAN KULAWARGA?
Pananya: Mangga perhatikeun patarosan ieu sareng pilihan jawabanana. Kumaha saur Sadérék?
Ayat: Luk 11:28
Nawarkeunana: Dina bacaan ieu, aya naséhat saé tina Kitab Suci kanggo kulawarga sareng alesanana urang bisa percaya kana naséhat éta.
KECAP PANGANTEUR KURING
Paké conto nu aya pikeun nyieun kecap panganteur Sadérék sorangan.