KAHIRUPAN KRISTEN
Sakumaha Pengkuhna Iman Sadérék kana Jangji Yéhuwa?
Yosua jeung Suléman nyebutkeun yén Yéhuwa tara jalir jangji. (Yos 23:14; 1Rja 8:56) Kekecapan dua saksi ieu bisa nguatkeun iman urang. —2Kor 13:1; Tit 1:2.
Kumaha Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na dina jaman Yosua? Tongton vidéo ”Tidak Satu Kata Pun yang Tidak Ditepati” bareng jeung kulawarga. Terus jawab pananya-pananya ieu: (1) Kumaha Sadérék bisa nyonto ka iman Rahab? (Ibr 11:31; Yak 2:24-26) (2) Kumaha conto Akan ngabuktikeun lamun ngahaja teu taat ka Yéhuwa mawa bencana? (3) Sanajan urang Gibon téh boga pasukan-pasukan, ku naon maranéhna ngabobodo Yosua sarta jadi balad Israil? (4) Kumaha ramalan Yéhuwa jadi kanyataan basa lima raja Émor ngancam Israil? (Yos 10:5-14) (5) Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa basa Sadérék miheulakeun paréntah jeung Karajaan Allah dina kahirupan?—Mat 6:33.
Basa ngabayangkeun naon nu enggeus, nu eukeur, jeung nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa, iman urang bakal beuki pengkuh.—Rum 8:31, 32.
Naha Sadérék boga iman siga Yosua?