KAHIRUPAN KRISTEN
Jungjung Papakon Moral ti Yéhuwa
Allah Yéhuwa masihan papakon moral keur manusa. Contona, ngeunaan kawin. Kawin téh ikrar saumur hirup antara hiji lalaki jeung hiji awéwé. Lamun geus kawin, maranéhna teu meunang pepegatan. (Mat 19:4-6, 9) Yéhuwa ngutuk sagala rupa hasrat séksual nu salah. (1Kor 6:9, 10) Mantenna ogé masihan prinsip ngeunaan papakéan awéwé jeung lalaki nu sakuduna.—Pam 22:5; 1Tim 2:9, 10.
Jaman kiwari, loba jalma nu nolak papakon moral ti Yéhuwa. (Rum 1:18-32) Maranéhna pipilueun cara papakéan, dangdanan, jeung laku lampah dunya ieu. Loba nu agul kana kalakuan goréngna sarta ngahina jalma nu béda jeung maranéhna.—1Pet 4:3, 4.
Sabagé Saksi Yéhuwa, urang kudu ngajungjung papakon moral ti Yéhuwa. (Rum 12:9) Kumaha carana? Urang kudu méré nyaho batur papakon moral ti Yéhuwa. Tapi, urang sorangan ogé kudu hirup saluyu jeung papakon-Na. Contona, basa urang keur milih pakéan, pikirkeun: ’Naha pakéan jeung dangdanan urang saluyu jeung prinsip Yéhuwa? Naha pakéan urang téh nyirikeun urang sabagé urang Kristen?’ Atawa basa rék nongton film, pikirkeun: ’Naha film ieu dipikaresep ku Yéhuwa? Papakon moral saha nu ditémbongkeun? Naha ieu bakal nurunkeun papakon moral urang? (Jab 101:3) Naha ieu bisa ngalantarankeun batur ngagogoréng Yéhuwa?’—1Kor 10:31-33.
Ku naon urang kudu ngajungjung papakon moral ti Yéhuwa? Dunya ieu sarta kajahatanana bakal diancurkeun ku Yésus Kristus. (Yeh 9:4-7) Ngan jalma-jalma nu ngalakukeun pangersa Yéhuwa nu bakal disalametkeun. (1Yoh 2:15-17) Hayu urang terus ngajungjung papakon moral ti Yéhuwa sangkan jalma-jalma bisa kageuing pikeun ngamulyakeun Yéhuwa.—1Pet 2:11, 12.
Pakéan jeung dangdanan urang nunjukkeun papakon moral nu kawas kumaha?
TONGTON VIDÉO MENJADI SAHABAT YEHUWA—SATU PRIA, SATU WANITA. TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:
Ku naon bijaksana pikeun hirup saluyu jeung papakon moral ti Yéhuwa?
Ku naon kolot sakuduna ngajarkeun papakon moral Yéhuwa ka budakna ti leuleutik kénéh?
Kumaha nu ngora jeung nu kolot bisa méré nyaho jalma-jalma ngeunaan kahadéan Allah?