KAHIRUPAN KRISTEN
Tetep Waspada jeung Aktif Sacara Rohani Waktu Aya Parobahan
Loba hal barobah, utamana dina ahir jaman ieu. (1Kor 7:31) Boh dipiharep boh henteu, boh alus boh goréng, parobahan bisa ngaganggu ibadah urang sarta ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Naon nu bisa ngabantu urang tetep waspada jeung aktif sacara rohani waktu aya parobahan? Tongton vidéo Tetap Kuat Secara Rohani Saat Pindah, terus jawab pananya-pananya di handap:
Naon naséhat ti saurang sadérék ka nu jadi bapa?
Kumaha prinsip di Mateus 7:25 bisa dilarapkeun ku kulawarga éta?
Naon nu direncanakeun ku kulawarga ieu saacan pindah, jeung naon mangpaatna?
Naon nu ngabantu kulawarga ieu pikeun nyanghareupan parobahan, boh di sidang boh di daérah dines?
Parobahan-parobahan nu kakara dialaman ku abdi?
Kumaha abdi bisa ngalarapkeun prinsip nu aya dina vidéo ieu?