HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | MATEUS 14-15
Sababaraha Jalma Méré Dahar Loba Jalma
Teu lila saacan Paska taun 32 M, Yésus nyieun hiji mujijat. Ngan ieu hiji-hijina mujijat nu dicatet ku kabéh nu nulis Injil.
Ku mujijat ieu, Yésus netepkeun pola nu bakal dilakukeun deui ku anjeunna nepi ka jaman urang ayeuna.
14:16-21
Yésus nitah murid-muridna pikeun méré dahar loba jalma padahal maranéhna ngan boga lima roti jeung dua lauk
Yésus nyokot roti jeung laukna, muji sukur, terus ngasongkeunana ka murid-murid sina dibagikeun ka loba jalma
Sacara mujijat, roti jeung lauk jadi loba pisan, nepi ka teu béak didahar ku jalma-jalma gé. Yésus méré dahar rébuan jalma dibantu ku sababaraha jalma, nyaéta ku murid-muridna.
Yésus nganubuatkeun yén di ahir jaman, anjeunna ogé bakal milih saluran pikeun méré ”dahar [sacara rohani] . . . saban-saban geus waktuna.”—Mat 24:45
Dina taun 1919, Yésus milih ”gandek satia jeung bijaksana”, nyaéta sababaraha sadérék nu kaistrén, pikeun méré dahar ”gandek-gandek lianna” milik Yésus
Yésus ngagunakeun sababaraha jalma ieu, sarua jeung pola di abad kahiji
Kumaha abdi nunjukkeun yén abdi ngakukeun jeung ngahormat saluran nu digunakeun ku Yésus pikeun méré kadaharan rohani ka jalma-jalma?