HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 2 PETRUS 1-3
Terus Pikirkeun Datangna Poé Yéhuwa
3:11, 12
Dina waktu nu geus ditangtukeun, kaadilan bakal langsung dijalankeun ku Yéhuwa. Naha laku lampah urang némbongkeun yén urang siap pikeun datangna poé Yéhuwa?
Naon waé nu kudu dilakukeun pikeun ”hirup beresih jeung sumerah ka Allah”?
Urang kudu ngabéla iman sarta hirup luyu jeung papakon Yéhuwa ngeunaan nu salah jeung nu bener
Urang kudu rutin ngalakukeun kagiatan rohani, boh di hareupeun umum boh waktu keur sorangan