PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb19 Désémber kaca 7
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang-Bisa Nyaluyukeun Diri

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang-Bisa Nyaluyukeun Diri
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Bahan nu Sarupa
  • Ngawawar Ngagunakeun Hal nu Anyaran Ieu Kajadian
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
mwb19 Désémber kaca 7
Dua sadérék ngagunakeun tablét pikeun ngawawar ka saurang bapa-bapa tukang ngangon.

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang​—Bisa Nyaluyukeun Diri

KU NAON PENTING? Kaom nu diistrénan jeung domba-domba lian ngondang rupa-rupa jalma pikeun nyokot ”cai anu matak hirup”. (Wahyu 22:17) Cai ieu ngalambangkeun kabéh sasadiaan Yéhuwa pikeun ngabébaskeun manusa nu taat tina dosa jeung maot. Pikeun ngabantu jalma-jalma nu boga kabiasaan jeung kapercayaan nu béda-béda, urang kudu nepikeun ”warta hal Injil Kasalametan nu langgeng” ku cara nu narik ati maranéhna.​—Wahyu 14:6.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Pilih topik jeung ayat nu bakal dipikaresep ku jalma-jalma di daérah Sadérék. Sadérék bisa maké salah sahiji conto bahasan atawa topik nu geus kabukti suksés. Naon topik jeung ayat nu dipikaresep ku jalma-jalma? Naha aya berita nu keur héboh? Naon topik nu cocog keur lalaki, jeung naon nu cocog keur awéwé?

  • Ucapkeun salam jeung tuturkeun tatakrama nu umum di daérah Sadérék.​—2Kor 6:3, 4

  • Sing inget naon waé bacaan sarta vidéo nu aya dina Alat Bantu Pengajaran pikeun dibahas jeung jalma-jalma nu minat

  • Download bacaan jeung vidéo tina rupa-rupa basa nu bisa jadi dipaké ku jalma-jalma di daérah dines Sadérék

  • Luyukeun topik sangkan cocog jeung pangabutuh nu boga imah. (1Kor 9:19-23) Misalna, naon nu bakal dibahas ku Sadérék lamun nu boga imah kakara dikantunkeun?

TONGTON VIDÉONA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Naon hal nu mimiti ditepikeun ku pawarta ka nu boga imah?

  • Naon nu kaalaman ku nu boga imah?

  • Ayat mana nu paling cocog pikeun dibahas dina kaayaan éta, sarta ku naon?

  • Kumaha Sadérék bisa nyaluyukeun topik supaya nu boga imah hayang nyaho leuwih loba?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun