HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 10-11
Musa jeung Harun Némbongkeun Kawani nu Gedé
Musa jeung Harun némbongkeun kawani basa ngadep ka Piraon, pangawasa dunya harita. Ku naon maranéhna bisa wani? Alkitab nyebutkeun, ”Ku karana percaya, Musa ngantunkeun Mesir, teu hariwang ku angkara murkana raja. Lir anu geus ningali ka Allah nu sipat gaib, Musa teu kersaeun mulih deui ka Mesir.” (Ibr 11:27) Musa jeung Harun boga iman nu kuat ka Yéhuwa jeung ngandelkeun Mantenna.
Dina kaayaan naon waé urang kudu wani ngabéla iman di hareupeun pajabat pamaréntah?