PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 Agustus kaca 3
  • Sing Tetep Teger Sabab Ahir Geus Téréh Datang

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Tetep Teger Sabab Ahir Geus Téréh Datang
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Mekarkeun Sipat-Sipat Hadé—Kawani
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Sadérék Bisa Jadi Wani
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Sing Kuat Haté, Geura Prung Digawé
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Tetep Satia Salila ”Mangsa Cilaka”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 Agustus kaca 3

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Tetep Teger Sabab Ahir Geus Téréh Datang

KU NAON PENTING? Sakeudeung deui, bakal aya kajadian-kajadian nu luar biasa. Dina mangsa éta, kawani jeung iman urang bakal diuji leuwih ti saacanna. Mangsa cilaka bakal dimimitian ku ancurna agama palsu. (Mat 24:21; Wahyu 17:16, 17) Dina mangsa nu kacow ieu, bisa jadi urang kudu nepikeun warta hukuman nu pikareuwaseun. (Wahyu 16:21) Urang bakal diserang ku Gog ti Magog. (Yeh 38:10-12, 14-16) Jadi keur ngabéla umatna, Yéhuwa bakal ”perang dina poe agung, Poena Allah Nu Maha Kawasa”. (Wahyu 16:14, 16) Jadi, supaya bisa wani dina mangsa éta, urang kudu mekarkeun kawani ti ayeuna kénéh. Carana, urang kudu tetep satia waktu iman urang diuji.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Urang kudu terus ngajalankeun standar moral ti Yéhuwa.​—Yes 5:20

  • Terus ibadah babarengan jeung dulur saiman.​—Ibr 10:24, 25

  • Mun aya pituduh anyar ti organisasi Yéhuwa, sing geura tuturkeun.​—Ibr 13:17

  • Pikirkeun kumaha Yéhuwa nyalametkeun umat-Na di jaman baheula.​—2Pet 2:9

  • Ngadoa jeung ngandelkeun Yéhuwa.​—Jab 112:7, 8

TONGTON VIDÉO CUPLIKAN—SING WANI NYANGHAREUPAN KAJADIAN DINA MANGSA KAHAREUP, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Gambar tina vidéo ’Sing Wani Nyanghareupan Kajadian dina Mangsa Kahareup’. Di Balé Karajaan, saurang sadérék katingali héran sanggeus maca pangumuman yén sidang rék dipecah.

    Kumaha para pawarta diuji kataatanana waktu maranéhna kudu ngagabung jeung sidang séjén?

  • Gambar tina vidéo ’Sing Wani Nyanghareupan Kajadian dina Mangsa Kahareup’. Sadérék éta ngobrolkeun sidang anyarna jeung dua sadérék séjénna.

    Naon hubunganana kawani jeung kataatan?

  • Gambar tina vidéo ’Sing Wani Nyanghareupan Kajadian dina Mangsa Kahareup’. Saurang budak lalaki hariwang sanggeus ngabayangkeun gambar Armagédon dina buku Kerajaan Allah Memerintah!’

    Ku naon urang kudu wani waktu engké Armagédon datang?

  • Gambar tina vidéo ’Sing Wani Nyanghareupan Kajadian dina Mangsa Kahareup’. Yosapat jeung baladna ti Yuda datang ka tempat perang, tapi eweuh hiji-hiji acan pasukan musuh nu hirup kénéh.

    Siapkeun diri sangkan wani nyanghareupan kajadian-kajadian di mangsa kahareup

    Kisah Alkitab naon nu ngabantu urang yakin lamun Yéhuwa boga kawasa pikeun nyalametkeun urang?​—2Bab 20:1-24

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun