HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 15-16
Puji Yéhuwa Liwat Kawih
Musik téh gedé pangaruhna kana pikiran jeung haté urang. Malah, ngawih gé jadi bagian penting dina ibadah urang ka Yéhuwa.
Musa jeung bangsa Israil ngawihkeun pupujian keur Yéhuwa ku sabab Mantenna geus nyieun mujijat pikeun nyalametkeun maranéhna di Laut Beureum
Raja Daud nugaskeun 4.000 priya pikeun maén alat musik jeung jadi juru kawih di bait
Dina peuting saacan Yésus maot, anjeunna jeung para rasulna ngawih keur muji Yéhuwa
Iraha waé urang bisa ngawihkeun pupujian keur Yéhuwa?