KAHIRUPAN KRISTEN
Puji Yéhuwa ku Cara Naratas
Urang Israil boga loba alesan pikeun muji Yéhuwa. Mantenna geus ngabébaskeun bangsa Israil ti Mesir jeung nyalametkeun maranéhna ti pasukan Piraon! (Bud 15:1, 2) Nepi ka ayeuna, Yéhuwa terus ngalakukeun hal-hal hadé keur umat-Na. Kumaha urang bisa nunjukkeun panghargaan?—Jab 116:12.
Salah sahiji carana téh jadi panaratas ékstra atawa panaratas biasa. Sadérék bisa ngadoa supaya boga kahayang jeung kakuatan pikeun jadi panaratas. (Pil 2:13) Loba nu mimitina jadi panaratas ékstra heula. Dina bulan Maret jeung April, ogé waktu aya pangawas wilayah, Sadérék bisa milih rék naratas 30 jam atawa 50 jam. Sanggeus ngarasakeun bungahna naratas ékstra, bisa jadi Sadérék hayang naratas biasa ogé. Malah, aya sadérék nu digawé unggal poé atawa lemah sacara fisik nu bisa ngawula jadi panaratas biasa. (mwb16.07 8) Yéhuwa layak pisan narima pujian nu panghadéna ti urang!—1Bab 16:25.
TONGTON VIDÉO TILU ADI LANCEUK TI MONGOLIA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku tilu sadérék ieu demi bisa naratas?
Maranéhna meunang berkah naon waé?
Lantaran naratas biasa, maranéhna jadi meunang kasempetan naon waé dina ngawula Yéhuwa?
Naon pangaruh tuladan maranéhna keur batur?