HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 23-24
Ulah Tuturut ka Jalma Réa
Yéhuwa méré pituduh ka para hakim jeung saksi di pangadilan. Maranéhna teu meunang kapangaruhan ku jalma réa nepi ka daék ngabohong atawa nyieun putusan anu teu adil. Ayeuna, prinsip éta bisa digunakeun ogé dina kahirupan sapopoé. Dunya ieu terus mangaruhan urang Kristen pikeun nuturkeun cara pikir jeung tindakan jalma nu teu ngahargaan Yéhuwa.—Rum 12:2.
Ku naon teu bijaksana pikeun nuturkeun jalma réa
waktu ngadéngé béja atawa gosip nu euweuh buktina?
waktu milih papakéan, gaya buuk, atawa hiburan?
dina pandangan jeung sikep urang ka jalma nu béda ras, budaya, atawa kaayaan ékonomi?