PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 Séptémber kaca 3
  • Sing Ati-Ati Waktu Ngadéngé Béja nu Can Tangtu Bener

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Ati-Ati Waktu Ngadéngé Béja nu Can Tangtu Bener
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha Sadérék Apal nu Sabenerna?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 Séptémber kaca 3

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Ati-Ati Waktu Ngadéngé Béja nu Can Tangtu Bener

Saurang awéwé nu keur balanja reuwaseun ningali HP-na.

Ayeuna, informasi bisa gancang kasebar ka jutaan jalma liwat bacaan, radio, TV, jeung Internét. Salaku umat ”Allah nu Maha Bener”, urang moal nyebarkeun informasi nu can tangtu bener, sanajan teu dihaja. (Jab 31:5, NW; Bud 23:1) Carita bohong nu disebarkeun ka batur bisa ngabahayakeun. Pikeun nangtukeun bener henteuna hiji carita, pék tanya ka diri sorangan:

  • ’Sumberna bisa dipercaya teu?’ Jalma nu nyarita ka urang gé can tangtu nyaho nu sabenerna. Waktu saurang jalma nyarita ka batur, terus dicaritakeun deui ka nu séjén, tungtungna éta carita pasti barobah. Jadi urang kudu ati-ati lamun teu apal sumberna, hususna jalma-jalma nu boga hak istiméwa di sidang ogé kudu leuwih ati-ati deui. Maranéhna moal neruskeun informasi nu can tangtu bener, sabab maranéhna kudu jadi sumber informasi nu bisa dipercaya

  • ’Informasina bisa mitnah batur teu?’ Lamun caritana ngagogoréng batur atawa hiji kelompok, ulah diteruskeun.​—Sil 18:8; Pil 4:8

  • ’Caritana bisa dipercaya teu?’ Ati-ati lamun ngadéngé carita jeung pangalaman nu héboh

TONGTON VIDÉO KUMAHA CARA NGEUREUNKEUN GOSIP? JEUNG BAHAS PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Saurang budak lalaki nu leungeun jeung sukuna ditalian rék ditojos ku pedang-pedang.

    Ceuk Siloka 12:18, naon bahayana omongan nu teu dipikir heula?

  • Sakelompok jalma keur ngarumpul jeung ngagosip.

    Kumaha Pilipi 2:4 ngabantu urang bijaksana waktu keur nyarita ngeunaan batur?

  • Saurang jalma nu embung ngadéngékeun gosip.

    Urang kudu kumaha waktu aya nu mulai ngagogoréng atawa nu nyindir batur?

  • Saurang jalma keur nyaritakeun gosip, lalaki nu séjén nu maké baju réporter keur nyatet omonganana.

    Saacan nyarita ngeunaan batur, pananya naon nu kudu urang pikirkeun?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun