KAHIRUPAN KRISTEN
Sadérék Bisa Nyumbangkeun Waktu jeung Tanaga
Sakumaha geus diramalkeun ku Yésaya, ayeuna urang ningali kamajuan organisasi Yéhuwa di bumi nu teu pernah kajadian saacanna. (Yes 54:2) Ku lantaran kamajuan ieu, urang butuh leuwih loba Balé Karajaan, Balé Kongrés, jeung fasilitas cabang. Sanggeus diwangun, wangunan-wangunan ieu gé kudu dirawat jeung dioméan. Urang bisa nyumbangkeun waktu jeung tanaga urang keur Yéhuwa. Kumaha carana?
Urang bisa milu ngabantu kelompok dines urang waktu ditugaskeun ngabersihan Balé Karajaan
Urang bisa miluan palatihan pikeun ngarawat Balé Karajaan
Urang bisa ngeusian formulir Permohonan Sukarelawan Rancang/Bangun Setempat (DC-50) pikeun milu mantuan pas aya proyék di daérah urang
Urang bisa ngeusian formulir Permohonan untuk Program Sukarelawan (A-19) jeung ngarélakeun diri salila saminggu atawa leuwih pikeun ngabantu proyék di daérah cabang urang atawa di fasilitas cabang séjén
TONGTON VIDEO DIMULAINYA SUATU PROYEK PEMBANGUNAN YANG BARU—CUPLIKAN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Sakumaha sering ayeuna vidéo digunakeun ti batan saacan taun 2014?
Supaya bisa terus nyadiakeun vidéo pikeun ibadah, proyék pangwangunan naon nu keur diayakeun, jeung sakumaha lila proyék ieu bakal lumangsung?
Kumaha para sukarélawan bisa ngabantu ieu proyék?
Lamun urang hayang ngabantu pangwangunan di Ramapo, ku naon urang kudu ngeusian formulir (DC-50) jeung ngabantu proyék Rancang/Bangun Setempat di daérah urang?
Naon waé buktina yén Yéhuwa anu ngabingbing ieu proyék?
Kumaha urang bisa ngadukung proyék ieu sanajan urang teu bisa miluan ngawangun?