PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 Désémber kaca 7
  • Sadérék Hayang Teu Ngadaptar Sekolah bagi Penginjil Kerajaan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sadérék Hayang Teu Ngadaptar Sekolah bagi Penginjil Kerajaan?
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Ngadaptar Sekolah bagi Penginjil Kerajaan
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
  • Sakola Naon Waé nu Disadiakeun pikeun Panaratas?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
  • Udag Pendidikan ti Yéhuwa
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 Désémber kaca 7
Sababaraha murid dina Sekolah bagi Penginjil Kerajaan.

KAHIRUPAN KRISTEN

Sadérék Hayang Teu Ngadaptar Sekolah bagi Penginjil Kerajaan?

Na Sadérék téh panaratas biasa nu umurna antara 23 nepi ka 65 taun? Na Sadérék séhat kénéh jeung bisa ngawula di tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta? Lamun enya, pernah teu kapikir pikeun ngadaptar Sekolah bagi Penginjil Kerajaan? Ti saprak mimiti diayakeun, geus aya rébuan salaki pamajikan jeung loba sadérék-sadérék léngoh nu ngadaptar. Tapi, masih kénéh dibutuhkeun loba sadérék lalaki nu léngoh. Pék ménta ka Yéhuwa supaya Sadérék boga kadaék pikeun leuwih nyenangkeun Mantenna jeung nyonto putra-Na. (Jab 40:9; Mat 20:28; Ibr 10:7) Pikirkeun ogé, na aya pagawéan atawa urusan pribadi nu bisa dikurangan supaya bisa ngadaptar?

Sanggeus miluan sakola ieu, jinis palayanan naon waé nu bisa Sadérék lakukeun? Aya nu ditugaskeun di daérah nu maké basa séjén atawa miluan kasaksian husus métropolitan. Aya ogé nu ditugaskeun jadi pangawas wilayah cadangan, pangawas wilayah, atawa utusan injil. Bari mikirkeun kasempetan pikeun ngawula Yéhuwa leuwih loba, mugia Sadérék boga parasaan siga nabi Yésaya, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!”​—Yes 6:8.

TONGTON VIDÉO UTUSAN INJIL DI LAPANGAN—PARA PEKERJA PANEN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Adegan tina vidéo ’Utusan Injil di Lapangan—Para Pekerja Panen.’ Salaki pamajikan nu jadi utusan injil nu keur ngawawar di daérah dinesna.

    Kumaha utusan injil dipilih?

  • Adegan tina vidéo ’Utusan Injil di Lapangan—Para Pekerja Panen.’ Salaki pamajikan nu jadi utusan injil nu keur ngawawar di daérah dinesna.

    Naon tugas para utusan injil?

  • Adegan tina vidéo ’Utusan Injil di Lapangan—Para Pekerja Panen.’ Salaki pamajikan nu jadi utusan injil nu keur ngawawar di daérah dinesna.

    Naon waé berkah nu dirasakeun ku para utusan injil?

Na Sadérék hayang nyaho leuwih loba ngeunaan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan? Mangga buka bagian Perpustakaan dina jw.org, terus pilih bagian ”Vidéo”, téangan bagian KAGIATAN URANG > SAKOLA. Tongton vidéo Sekolah Teokratis di Kongo, Makmur Sacara Rohani ku Pendidikan ti Yéhuwa, jeung Wisuda SBPK Pertama.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun