PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Januari kaca 7
  • Kongrés téh Kasempetan pikeun Némbongkeun Kanyaah

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kongrés téh Kasempetan pikeun Némbongkeun Kanyaah
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Yéhuwa Apal kana Pangabutuh Urang
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Januari kaca 7

KAHIRUPAN KRISTEN

Kongrés téh Kasempetan pikeun Némbongkeun Kanyaah

Sadérék ti rupa-rupa sélér bangsa keur poto babarengan di kongrés internasional.

Ku naon urang resep pisan datang ka kongrés? Siga di Israil jaman baheula, dina kongrés ayeuna gé urang bisa ibadah ka Yéhuwa babarengan jeung ratusan nepi ka rébuan dulur saiman. Aya loba pisan dahareun rohani nu bisa ditarima ku urang. Urang ogé resep bisa ngumpul bareng jeung kulawarga sarta babaturan. Lantaran ngahargaan pisan kongrés-kongrés éta, urang hayang datang ka kongrés salila tilu poé.

Waktu kongrés, ulah ngan mikirkeun naon nu bisa ditarima hungkul, tapi pikirkeun ogé kumaha carana nunjukkeun kanyaah ka batur. (Gal 6:10; Ibr 10:24, 25) Misalna, urang bisa mukakeun panto keur batur atawa henteu loba teuing nyadangkeun korsi. Éta hartina, urang téh mikirkeun ogé kapentingan batur. (Pil 2:3, 4) Dina kongrés, aya loba kasempetan pikeun néangan sobat anyar. Urang bisa ngamangpaatkeun waktu saacan acara mulai, sanggeus balik, atawa pas istirahat. (2Kor 6:13) Sosobatan urang jeung maranéhna bisa awét salanggengna. Malah, lamun aya nu ningali kanyaah urang, bisa jadi maranéhna gé kageuing pikeun ngawula Yéhuwa.​—Yoh 13:35.

TONGTON VIDÉO PERTEMUAN INTERNASIONAL ”KASIH TIDAK AKAN BERAKHIR”!, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Gambar dina vidéo ’Pertemuan Internasional ’Kasih Tidak Akan Berakhir’!’. Sadérék-sadérék jeung para tamu ti luar nagri silih tangkeup dina kongrés internasional.

    Basa kongrés internasional 2019, kumaha kanyaah ditémbongkeun ka sadérék-sadérék nu datang ti luar nagri?

  • Gambar dina vidéo Pertemuan Internasional ’Kasih Tidak Akan Berakhir’!’. Para tamu jeung sadérék-sadérék poto babarengan.

    Ku naon kanyaah jeung karukunan umat Yéhuwa téh luar biasa?

  • Gambar dina vidéo ’Pertemuan Internasional ’Kasih Tidak Akan Berakhir’!’. Sadérék-sadérék di Korea nyambut para tamu nu datang ka kongrés.

    Kumaha anggota Badan Pingpinan nandeskeun ngeunaan kanyaah Kristen?

  • Gambar dina vidéo ’Pertemuan Internasional ’Kasih Tidak Akan Berakhir’!’. Saurang budak awéwé meni bungah narima Kitab Suci ’Terjemahan Dunia Baru’.

    Kumaha urang bisa némbongkeun kanyaah dina kongrés-kongrés?

    Kumaha kanyaah Kristen ngahijikeun sadérék-sadérék boh di Jerman boh di Korea Selatan?

  • Naon tékad urang?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun