PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Januari kaca 11
  • Hayu Urang Ngawula Yéhuwa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Hayu Urang Ngawula Yéhuwa
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Baptisan Mawa Loba Berkah!
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Sadérék Geus Siap Dibaptis?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Januari kaca 11
Jalan keur saurang jalma nu hayang ngawula Yéhuwa. Gambar di sapanjang jalan nu ngalambangkeun perluna diajar Alkitab, masamoan, ngawawar, jeung dibaptis.

Aya di mana Sadérék ayeuna?

KAHIRUPAN KRISTEN

Hayu Urang Ngawula Yéhuwa

Lamun Sadérék téh saurang pawarta atawa palajar Alkitab, na Sadérék boga cita-cita keur dibaptis? Ku naon Sadérék sakuduna dibaptis? Lamun ngabaktikeun diri jeung dibaptis, Sadérék bisa nyobat jeung Yéhuwa. (Jab 91:1) Éta ogé bisa nyalametkeun Sadérék. (1Pet 3:21) Naon waé nu kudu dilakukeun sangkan bisa dibaptis?

Pék buktikeun sorangan yén ieu téh bebeneran. Lamun Sadérék boga pananya ngeunaan Alkitab, pék téangan jawabanana. (Rum 12:2) Pariksa naon waé nu kudu dirobah ti diri Sadérék, pastikeun niat haténa téh keur nyenangkeun Yéhuwa. (Sil 27:11; Epe 4:23, 24) Ulah eureun ngadoa pikeun ménta bantuan. Sing yakin roh suci Yéhuwa bakal nguatkeun jeung ngabantu Sadérék. (1Pet 5:10, 11) Upaya Sadérék pasti hasil. Ngalalayanan Yéhuwa téh jalan hirup nu panghadéna.​—Jab 16:11.

TONGTON VIDÉO LANGKAH MENUJU BAPTISAN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Naon waé tangtangan nu kudu disanghareupan ku maranéhna saacan dibaptis?

  • Kumaha cara Sadérék ngawangun iman supaya bisa ngabaktikeun diri ka Yéhuwa?

  • Naon nu ngabantu sadérék-sadérék dina éta vidéo nyumponan sarat pikeun dibaptis?

  • Naon waé berkah keur jalma-jalma nu ngalayanan Yéhuwa?

  • Naon harti pangbaktian jeung baptisan?

Dina ahir hutbah baptisan, nu hutbah bakal ngondang calon baptis pikeun ngadeg sarta ngajawab dua pananya ieu ku sora nu tarik:

Naha Sadérék geus tobat tina dosa-dosa Sadérék, ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, jeung percaya yén Yéhuwa nyalametkeun urang ku jalan Yésus Kristus?

Naha Sadérék paham yén ku cara dibaptis, Sadérék bakal dikenal sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngagabung jeung organisasi Yéhuwa?

Jawaban ti calon baptis ngabuktikeun di hareupeun jalma réa yén manéhna miboga iman kana korban tebusan Yésus jeung geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa.​—Rum 10:9, 10.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun