HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH
Ulah Daék Dikadalikeun ku Kahayang nu Salah
Daud henteu langsung miceun kahayang nu salah tina haténa (2Sam 11:2-4; w21.06 17 ¶10)
Daud nyalahgunakeun kawasana pikeun nyumputkeun kasalahan manéhna (2Sam 11:5, 14, 15; w19.09 17 ¶15)
Daud narima balukar nu parah lantaran ngalakukeun dosa (2Sam 12:9-12; w18.06 17 ¶7)
Supaya urang teu kagoda pikeun ningali atawa mikirkeun hal-hal nu teu pantes, urang kudu bisa ngadalikeun diri. (Gal 5:16, 22, 23) Yéhuwa bakal ngabantu urang nyingkirkeun kahayang nu salah nu napel pageuh dina haté urang.
PÉK PIKIRKEUN, ’Dina kaayaan naon waé abdi kudu leuwih bisa ngadalikeun pikiran sorangan?’