KAHIRUPAN KRISTEN
Carana Ngagunakeun Conto Bahasan
Dina nyiapkeun conto bahasan, sadérék-sadérék di Kantor Pusat mikirkeun enya-enya bahanna. Loba pawarta ngarasa conto-conto éta téh cocog keur daérahna. Tapi kaayaan di unggal nagri téh béda-béda. Jadi waktu dines, topik nu dibahas atawa carana ngamimitian obrolan téh bisa diluyukeun jeung minat jalma-jalma di hiji daérah. Tapi pawarta kudu nuturkeun pituduh nu disadiakeun lamun aya kagiatan husus. Urang hayang nuturkeun paréntah Isa pikeun nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah.—Mat 24:14.
Waktu nepikeun tugas siswa, para pawarta kudu ngagunakeun topik nu aya dina conto bahasan Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan. Tapi lamun euweuh pituduh husus, maranéhna bébas milih pananya, ayat, topik saterusna, atawa latar kaayaan nu cocog keur jalma-jalma di daérahna. Ieu téh ngagantikeun pituduh nu aya dina Jurnal Pasamoan bulan Juni 2020 kaca 8.