PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb23 Maret kaca 3
  • Carana Méré Bantuan Sanggeus Aya Musibat

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Méré Bantuan Sanggeus Aya Musibat
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2023
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Méré Bantuan ka nu Keuna Musibat?
    Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Mantuan Sadérék-Sadérék nu Ngalaman Musibah Salila taun 2021
    Sumbangan Sadérék Dipaké Keur Naon Waé?
  • Kumaha Urang Ngabantu Dulur-Dulur Saiman nu Kasusahan?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
  • Sadérék Geus Siap?
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
Tingali Ogé
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2023
mwb23 Maret kaca 3

KAHIRUPAN KRISTEN

Carana Méré Bantuan Sanggeus Aya Musibat

Ayeuna, musibat alam leuwih sering kajadian. Waktu aya musibat alam, perlu upaya pikeun méré bantuan. Bantuan ieu perlu diorganisasi ngarah tartib. Ku kituna, Badan Pingpinan ngabentuk Departemén Penanggulangan Bencana di unggal kantor cabang.

Waktu sadérék-sadérék di Departemén Penanggulangan Bencana meunang kabar aya musibat alam, maranéhna langsung nelepon kokolot di sidang éta supaya nyaho naon nu dibutuhkeun ku para pawarta. Lamun musibatna parah pisan nepi ka pawarta di ditu kawalahan, kantor cabang bakal nugaskeun sadérék-sadérék nu minuhan sarat pikeun ngatur bantuan kamanusaan di ditu. Bisa jadi, sadérék-sadérék ieu ngusulkeun leuwih loba rélawan atawa bantuan barang-barang nu diperlukeun, atawa bisa jadi maranéhna nu meuli jeung ngirimkeun barang-barang nu dibutuhkeun di ditu.

Tibatan masing-masing méré bantuan sorangan, aya leuwih loba mangpaat nu dirasakeun ku ayana pangaturan ieu. Misalna, duit jeung barang-barang sumbangan moal jadi mubadir, sadérék-sadérék gé moal bingung sarta teu miceunan tanaga keur hal nu teu perlu.

Sadérék-sadérék nu ditugaskeun ku kantor cabang bisa nangtukeun sabaraha loba duit jeung jumlah rélawan nu dibutuhkeun di tempat musibat. Maranéhna gé biasana digawé bareng jeung patugas pamaréntahan nu sok ngabantuan urang supaya leuwih gancang méré bantuan. Jadi, urang moal nyieun pangaturan sorangan pikeun ngumpulkeun duit, ngirimkeun barang-barang sumbangan, atawa indit ka tempat nu aya musibat, kajaba Sadérék ditugaskeun.

Waktu aya musibat tangtu urang hayang milu mantuan. (Ibr 13:16) Urang nyaah ka sadérék-sadérék urang! Jadi urang kudu kumaha? Nu pangpentingna, urang hayang ngadoakeun korban musibat sarta jalma-jalma nu nyadiakeun bantuan. Urang gé bisa méré sumbangan pikeun kagiatan di sakuliah dunya. Badan Pingpinan méré pituduh ka kantor-kantor cabang pikeun nangtukeun kumaha sakuduna dana sumbangan digunakeun. Lamun urang hayang mantuan, urang bisa nyadiakeun diri ku cara ngeusian formulir Permohonan Sukarelawan Rancang/​Bangun Setempat (DC-50).

TONGTON VIDÉO BANJIR BESAR DI BRASIL, TULUY BAHAS:

Gambar tina vidéo ”Banjir Besar di Brasil”. Poto imah-imah jeung tatangkalan nu keuna banjir.

Sadérék resep kana hal naon waé tina upaya Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun ngabantu dulur saimanna nu ngalaman musibat banjir di Brasil taun 2020?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun