Naon nu Dinubuatkeun ku Alkitab ngeunaan Taun 1914?
Jawaban Alkitab
Numutkeun Alkitab, Pamaréntahan Allah téh diadegkeun di sorga dina taun 1914. Urang bisa paham ngeunaan hal ieu lamun urang maca nubuat nu aya dina kitab Daniel pasal 4.
Eusi tina éta nubuat. Allah méré impian ka Raja Nébukadnésar ti Babilon ngeunaan hiji tangkal gedé nu dituar. Allah ngalantarankeun tunggul éta tangkal teu bisa tumuwuh salila ”tujuh mangsa”. Sanggeusna, kakara éta tangkal téh bisa tumuwuh deui.—Daniel 4:1, 10-16, Terjemahan Dunia Baru.
Iraha éta nubuat mimiti jadi kanyataan? Tangkal nu gedé téh ngalambangkeun Raja Nébukadnésar. (Daniel 4:20-22) Manéhna saolah-olah ’dituar’ waktu manéhna jadi teu waras sarta teu bisa maréntah sabagé raja salila tujuh taun. (Daniel 4:25) Sanggeus Allah nyageurkeun manéhna, Nébukadnésar jadi raja deui. Ahirna, manéhna ngaku yén Allah téh boga kawasa.—Daniel 4:34-36.
Bukti yén éta nubuat bakal ngawujud ku cara nu leuwih hébat. Sabenerna, tujuan nubuat éta téh nyaéta sangkan ”manusa di mana-mana nyaraho yen Allah Nu Maha Agung, kawasa ka karajaan-karajaan manusa, iasa nyelehkeun ka saha bae kersa-Na, najan ka jalma nu panglaipna”. (Daniel 4:17) Naha Yéhuwa bakal méré kakawasaan éta ka Nébukadnésar nu sombong? Henteu. Saacanna, Allah geus méré impian yén lain manéhna atawa pangawasa pulitik séjénna nu bakal dibéré kawasa. Sabalikna, Allah nyalira nu bakal ”ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna”.—Daniel 2:31-44.
Baheula, Allah ngadegkeun hiji karajaan anu jadi wakil-Na di bumi, nyaéta bangsa Israél kuno. Tapi, Allah ”ngarugrugkeun” karajaan éta lantaran para pamingpinna teu satia ka Anjeunna. Najan kitu, Allah méré nyaho yén dina mangsa ka hareup, Anjeunna bakal ngangkat ”hiji pribadi anu boga hak nu sah” pikeun jadi raja. (Yeheskel 21:25-27, Terjemahan Dunia Baru) Alkitab ngajelaskeun yén pribadi nu boga hak nu sah pikeun maréntah karajaan nu moal aya tungtungna téh nyaéta Isa Al-Masih. (Lukas 1:30-33) Teu siga Nébukadnésar, Isa mah ”rendah haté”.—Matius 11:29.
Naon anu dilambangkeun ku tangkal dina Daniél pasal 4? Dina Alkitab, kadang tangkal téh ngalambangkeun pamaréntahan. (Yeheskel 17:22-24; 31:2-5) Waktu Daniél pasal 4 ngawujud deui ku cara nu leuwih hébat, tangkal nu gedé téh ngalambangkeun pamaréntahan Allah.
Naon hartina tangkal nu dituar téh? Sakumaha tangkal nu dituar ngahartikeun Nébukadnésar nu teu bisa maréntah keur sababaraha waktu, ieu ogé ngahartikeun raja-raja anu ngawakilan pamaréntahan Allah di bumi teu bisa maréntah keur sababaraha waktu. Ieu kajadian waktu Nébukadnésar ngancurkeun Yérusalém. Di dinya, aya raja-raja Israél anu ”calik dina tahta . . . PANGERAN” pikeun ngawakilan Allah.—1 Babad 29:23.
”Tujuh mangsa” téh ngalambangkeun naon? ”Tujuh mangsa” téh ngalambangkeun période waktu nu dibéré ku Allah ka bangsa-bangsa pikeun maréntah di bumi, tanpa pangaruh ti pamaréntahan nu diadegkeun ku Anjeunna. ”Tujuh mangsa” téh dimimitian dina bulan Oktober taun 607 SM, nyaéta basa Yérusalém diancurkeun ku Babilon, sakumaha nu dinubuatkeun dina Alkitab.a—2 Raja 25:1, 8-10.
”Tujuh mangsa” téh sabaraha lila? Ieu tangtu lain ngamaksudkeun tujuh taun siga nu kaalaman ku Nébukadnésar. Urang bisa nyaho jawabanana tina kekecapan Isa yén ”Yérusalém [lambang tina pamaréntahan Allah] bakal ditincakan ku bangsa-bangsa nepi ka waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa éta béak”. (Lukas 21:24) ”Waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa” téh nyaéta pas Allah ngidinan pamaréntahan Allah ngidinan raja-raja di bumi ”ditincakan ku bangsa-bangsa”. Mangsa ieu téh sarua jeung ”tujuh mangsa” anu disebutkeun dina Daniél pasal 4. Jadi waktu Isa di bumi, ”tujuh mangsa” éta téh masih lumangsung.
Alkitab méré nyaho kumaha carana nangtukeun sabaraha lila ”tujuh mangsa” éta. Dina Alkitab disebutkeun yén tilu satengah ”mangsa” téh sarua jeung 1.260 poé. Jadi, ”tujuh mangsa” téh dua kalieunana, nyaéta 2.520 poé. (Wahyu 12:6, 14) Dina Alkitab, kadang ”sapoena ngupamakeun sataun”. Jadi, 2.520 poé téh ngamaksudkeun 2.520 taun. Ku kituna, mun diitung ti taun 607 SM, 2.520 taun téh enggeusanana dina Oktober 1914.—Bilangan 14:34; Yeheskel 4:6.
a Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan taun 607 SM, tingali artikel ”Kapan Yerusalem Kuno Dihancurkan?—Bagian Satu”, dina Menara Pengawal 1 Oktober 2011, kaca 26-31, jeung artikel ”Kapan Yerusalem Kuno Dihancurkan?—Bagian Dua” dina Menara Pengawal 1 Nopémber 2011, kaca 22-28.